Ngaran

oleh -195 views
Foto: kumparan.com

Éséy Déni A. Fajar*
(Sastrawan & Wartawan HU Tribun Jabar)

“What is name?” ceuk William Shakespeare.

Sacara bébas pananya pujangga Inggris di luhur bisa ditarjamahkeun kieu: “Naon hartina ngaran?” atawa “Naon gunana ngaran?”

Dina carpon “Majar Kuring Gélo” karya Ki Umbara, aya tokoh nu ngaranna Dipa. Dipa téh hartina tai munding! Rumasa boga ngaran goréng, Dipa protés ka indungna. Kumaha jawab indungna?

“Réa jelema nu ngaranna alus, upamana H. Sobar, tapi manéhna barangasan. Haji Ma’mur tapi hirupna kékéréhét. Radén Darmawan tapi korétna kacida, ka nu musapir ogé kolu ngusir.”

“…Enya Dipa téh tai munding, barang kotor luyu jeung asal manusa. Tapi, muga-muga ku maké ngaran kotor téh jadi sabalikna, awak jadi jelema beresih haté.”

Ngarasa sugema, Dipa teu terus protés.

Ki Umbara ngaliwatan carponna ngagambarkeun yén ngaran anu alus teu bisa dijadikan tanggelan pikeun hadé gawé, pikir, atawa kalakuan manusa.Tapi, sabalikna ngaran goréng bisa baé mibanda sipat nu alus tur suci.

Conto séjén, basa Nike Ardilla maot, di lembur kuring ogé aya nu maot, ngaranna sarua Nike. Bédana ari Nike Ardilla arti kawéntar, ari itu Nike tukang surabi. Teu matak héran lamun maotna Nike Ardilla leuwih ngageunjleungkeun ti batan Nike tukang surabi téa.

Naon atuh hartina ngaran? Naon gunana ngaran?

“Ngaran bisa jadi teu penting. Nu penting mah ‘gawé’ urang,” kitu cék R. Hidayat Suryalaga dina hiji riungan Ngawarung Bandung. “Lain ngaran anu méré harti kana hirup mah, tapi ‘gawé’ urang. Tangtuna ogé ‘gawé’ nu hadé.”

Jadi, lain ngaran tapi ”gawé” anu ngalantarankeun Nide Ardilla béda ti Nike, Nike lianna téh. ***

 

CATETAN RÉDAKSI:
Dimuat dina rubrik “Tutungkusan” tabloid basa Sunda Galura, Minggu IV, Oktober 1995.