Éséy Déni A. Fajar*
(Panyajak & Wartawan HU Tribun Jabar)
Deuk balaka waé, wanoh kana sajak Sri Sussi Ariés Lulupi téh pédah baé disodoran sabeundeul naskah sajak pibakaleun buku. Padahal geuning Sussi, kitu nénéhna téh lain anu keur léléngkah halu diajar nulis sajak. Teu kasusud ti mimiti iraha ieu panyajak anu lahir di Sumedang 6 April 1972 téh mimiti nulis sajak. Hiji anu pasti, sajak Sussi lain ngan hiji-dua, geus loba. Buktina, dina buku Sekar Gawir: Kumpulan Sajak karya Sussi anu munggaran ieu ngamuat 36 sajak. Bisa jadi, sajak anu dikumpulkeun dina ieu buku nyaéta sajak-sajak petingan, anu meunang milihan tina sabebed sajak séjén anu boa masih disimpen dina laci sang panyajak.
Sanggeus maca sajak-sajak Sussi dina ieu buku, teu salah-salah teuing lamun kuring nyebut ieu panyajak geus tabah dina nulis (sajak). Sussi geus mampu meruhkan basa jeung diksi dina sajak-sajakna. Meruhkeun basa jeung diksi, ceuk Nirwan Dewanto, nyaéta hiji jurus anu kudu dipibanda ku sing saha waé anu hayang nulis sajak. “Tangtu anéh lamun sajak lain puncakna tina gawé meruhkeun basa,” kitu ceuk Nirwan.
Tangtu waé, nulis sajak lain ngan ukur kaparigelan dina ngarugal-rigel basa, diksi, tanda baca, jeung sajabana. Ceuk Nirwan Ahmad Arsuka, sajak ogé kudu mibanda ajén. Lamun teu kitu, sajak teu béda ti resép dokter, resép masakan, bon ti toko matérial, atawa catetan balanja ema-ema.
Tah dina buku Sekar Gawir: Kumpulan Sajak-na, Sussi lain ngan ukur nyatet lalampahan inyana ka sababaraha tempat. Tapi, ieu panyajak geus méré ajén kana sajak-sajakna. Ku kituna sajak-sajak Sussi dina ieu buku lain ngan ukur catetan personal anu nulisna. Dina sajak-sajakna, anu kakoréh lain pasualan privat si panyajak. Maca sajak-sajak Sussi urang bakal manggihan ajén atawa niléy-niléy koléktif urang salaku manusa. Ngeunaan bobot niléy anu baris kakoréh, tangtu waé gumantung kana modal anu nyampak di urang anu macana.
Coba waé tengetan sajak “Tangkuban Parahu”. Anu unina kieu: di dieu kuring nangtung/lebah Sangkuriang madakeun tembang Asmarandana silung/lir silungna serenade Oedipus/sab arinyana kungsi dipépéndé dengkleung berceuse/
Sajak Tangkuban Parahu, anu ceuk Kang Abdullah Mustappa mah, kakolomkeun kana sajak anu seutik gé patri. Sajak anu teu kudu panjang carita. Tapi sok sanajan pondok, urang teu bisa salancar macana pikeun ngobét eusina. Apan di dinya urang panggih jeung Sangkuriang, ogé jeung Oedipus. Urang gé manggihan Asmarandana, “serenade”, jeung “berceuse”. Ku kituna urang kudu wanoh ka Oedipus, salian ti kudu wanoh ka Sangkuriang téh, lamun hayang nepi ka “Tangkuban Parahu” anu ditulis ku Sussi. Moal disumput-sumput, sim kuring gé apan kudu kurah-koréh kana Google sagala sangkan teu poékeun teuing kana “berceuse” anu ditulis ku Sussi.
Lain ngan ukur “Tangkuban Parahu” wungkul anu ditulis Sussi téh. Tina 36 sajak, moal kurang ti sapuluh sajak anu dijudulan ku ngaran tempat. Urang tataan waé, di antarana aya “Maribaya-Cibodas”, “Paténgan”, “Batu Karas”, “Pananjung”, “Rumentang Siang”, jeung “Bandung”.
Bisa jadi urang ogé kungsi anjog atawa ulin ka tempat-tempat anu ditulis Sussi. Ngan bédana, urang mah ulin téh ngan saukur ulin, ari Sussi mah bari jeung trét nulis dina wangun sajak.
Kakuatan ieu panyajak ogé lain waé tapis dina nyurahan jeung méré ajén-inajén anyar kana tempat-tempat anu kasorang ku anjeunna, tapi ogé kuat nulis sajak dina wanda anu lian. Mangga toong waé dina “Tuturus” atawa “Jampé keur Anaking”. Ieu sajak sabenerna sipatna personal pisan, tapi anu nepi ka urang anu macana karasa henteu heureut, tapi jadi eunteung anu lega pisan pikeun ngaji diri atawa ngukur tangtungan dina introspéksi.
Tangtu waé sajak Sussi, dina buku Sekar Gawir: Kumpulan Sajak-na anu munggaran ieu, lain gading anu henteu rengat. Ngan keur sim kuring, keur sakuringeun, hal éta teu ngurangan kapogot pikeun maca sajak-sajakna. Buku kumpulan sajak Sussi anu munggaran, anu medal ku alpukahna jeung karancagéan awak-awak Musawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Bahasa Sunda SMP Kabupatén Sumedang ieu kudu pada ngabagéakeun. Urang ogé teu salah lamun miharep bakal lahir deui karya-karya sajak Sussi anu séjénna. Sakumaha urang miharep terbit buku-buku sastra anu diparajian ku MGMP Bahasa Sunda SMP Kabupatén Sumedang.
*Sumber:
Prolog buku Sekar Gawir: Kumpulan Sajak (2020) karya Sri Sussi Ariés Lulupi
Wedalan Rawayan, Bandung