Éséy Dian Héndrayana*
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Basa Sunda FPBS UPI)
Lamun hayang nyaho sagala rupa lagu, saperti kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalanguan, kawih panyaraman, kawih sisindiran, kawih pangpeledan, bongbongkaso, pererane, porod eurih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasambatan, kawih igel-igelan jeung pirang-pirang lagu lianna, ulah nepi ka salah nanya, tanyakeun ka paraguna (Sanghyang Siksakandang Karesian, Bagian XVI)
Geus digurat dina naskah Sunda Kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK) taun 1518 M, yén urang Sunda ti béh ditu mula geus boga matéri seni sora atawa kawih. Turta ditandeskeun dina éta naskah, lamun hayang nyaho dina urusan kawih, mangka tanyakeun ka paraguna. Kecap paraguna mibanda harti (dina basa Indonésia) ahli musik. Jembarna musisi, bujangga panyanggi lagu, atawa ahli musik. Demi élmuna disebut karagunan. Bisa jadi, kecap ragunan mibanda harti tempat nyieun alat musik, atawa hiji daérah nu pangeusina golongan para seniman musik.
Dina naskah Sunda Kuna séjénna, istilah “kawih” ditujulkeun kana puisi Sunda heubeul. Kana urusan sastra. Wangunna puisi oktasilabik, nyaéta puisi anu strukturna 8 (dalapan) engang dina unggal padalisanana, sakumaha nu kabaca dina naskah Sunda Kawih Pangeuyeukan jeung Kawih Panyaraman (duanana ditulis sapandeurieun SSKK). Ngan anu pasti (dina panganteurna, buku hasil transliterasi) disebutkeun yén éta puisi téh dihariringkeun atawa dinyanyikeun. Hanjakal, taya dokuméntasi anu mangrupa audio kana éta wangun hariringna. Tapi pikeun ngalelebah mah, sakumaha anu lumarap dina kawih pantun, éta hariring dina Kawih Pangeuyeukan atawa Kawih Panyaraman téh wangunna bisa jadi mibanda irama bébas (merdéka). Enya, cara dina kawih pantun téa; kawih rajah pamuka, kawih rajah pamunah, jeung kawih nataan.
Sakumaha ceuk dina naskah SSKK téa, nyurahan kawih nu dipatalikeun jeung istilah paraguna téa tujulna bisa jadi kana urusan “musikal” henteu kana sastrana. Dina harti, kecap “kawih” di dinya tujulna téh kana istilah “lagu” anu leuwih nyosok kana harti yén kawih di dinya mah sarua jeung “nyanyian” dina basa Indonésia. Upama kitu, tepi ka abad XVI urang Sunda geus wanoh kana urusan seni sora Sunda anu disebut “kawih”. Dina harti, urusan seni sora, atawa lalaguan nu aya di Sunda, disebutna nya kawih téa.
Demi rupana éta kawih téh aya nu disebut kawih sisindiran, kawih pikeun igel-igelan, kawih anu sipatna sasambatan (ngageuri, istilah Ayatrohaédi), jrrd. Cindekna, puisi (atawa sastra lisan séjénna) anu dihaleuangkeun ku sora manusa, disebutna kawih. Nginjeum pamanggih Dr. Lili Suparli, M.Sn., kawih téh nyaéta haleuang anu mibanda unsur sastra (boh lisan boh tulisan), nya rumpaka (lirik) téa.
Dina kamekaranana, dina abad XVIII, sabada Tatar Sunda kapangaruhan ku Islam, masarakat Sunda miwanoh kana “kawih anyar” anu ngagunakeun matéri puisi (sastra) Timur Tengahan, anu disebut syair. Kana éta matéri kawih anu ngagunakeun syair, urang Sunda nyebutna kawih pupujian. Masih dina abad XVIII sarta leuwih populér deui dina abad XIX, matéri kawih katambahan deui ku seni sora anu ngagunakeun sastra dangding (puisi anu ngagunakeun matra pupuh; pangaruh Mataram). Éta kawih anu ngagunakeun sastra winangun dangding téh disebutna tembang. Dina pertengahan abad XIX, kawih anu mangrupa tembang téh leuwih nyosok kana bahan dangding winangun wawacan. Di saampar Tatar Sunda, tembang kana wawacan téh leuwih dipiwanoh ku istilah mamaca.
Dina pertengahan abad XIX, Bupati Cianjur R.A.A. Kusumaningrat (dibantuan ku para seniman kadaleman) kungsi nyieun kréasi kawih anyar anu nyumber kana kawih pantun (kawih rajah jeung nataan téa). Demi carita pantun anu dijadikeun séséndéranana téa nyaéta carita “Mundinglaya di Kusumah” (tokoh rajaputra di nagara Pajajaran). Nya janggélék kawih pantun pangapungan, mupu kembang, kaléon, manyeuseup, balagenyat, rajamantri, layar putri, randegan, rajamantri, mangu-mangu, jeung nataan gunung. Dina kamekaranana, éta kawih anyar kréasi R.A.A. Kusumaningrat (anu kawéntar ogé ku jenengan Kangjeng Dalem Pancaniti) téh ku urang Cianjur aya kalana disebut lagu pantun, atawa lagu pajajaran baé. Béh dieuna deui, para ahli (anu saterusna diwewegkeun ku Damas) nyebutna (wanda) papantunan. Éta kawih papantunan téh disinyalir jadi babon atawa cikal bakal seni kawih cianjuran.
Dina awal XX, seni kawih gé terus nambahan. Masih kénéh di Cianjur, muncul kawih anu nyuméndér kana seni degung; demi nu dialana nyaéta mélodi nu nyampak dina runtuyan nada atawa mélodi tina instruméntalia degung; diala sari-sari (tipikal) mélodina baé. Éta kawih téh ngagunakeun bahan puisi (sastra) dangding (utamana guguritan). Nya janggélék lagu-lagu samodél “Asmarandana Degung”, “Kinanti Degung”, “Dangdanggula Degung”, jeung sajabana. Demi gayana niron (imitatif) tina gaya papantunan nu kungsi dikréasikeun ku Kangjeng Dalem Pancaniti téa. Béh dieu, éta kawih téh leuwih dipiwanoh ku istilah (wanda) dedegungan. Pantesna mah éta matéri kawih téh nya disebut tembang dedegungan, da kapan bahan matérina maké puisi dangding téa.
Tepi ka periodeu méméh datangna bangsa Jepang dina taun 40-an, di Sunda geus aya pirang-pirang rupa kawih atawa seni sora Sunda. Geura urang tataan baé, aya kawih pantun, kawih pupujian, kawih kaulinan, kawih pagawéan, mamaca (tembang wawacan; di Cianjur mah matéri mamaca téh dikréasikeun deui ku para bujangga dina awal abad XX, haleuangna dilelemes dihadé-hadé. Nya janggélék jadi mamaos, anu engkéna istilahna jadi tembang rarancagan. Cék Satjadibrata mah istilahna téh “lagu béh dieu”), kawih pasindénan, kawih balaréa (folksong), tembang rarancagan, tembang dedegungan, kawih kakawén. Ka dieunakeun deui taun 50-an (pangpangna dina taun 60-an) muncul deui kawih atawa seni sora anu dipirigna lain ku waditra tradisional, tapi ku alat musik Barat. Kana éta kawih anyar téh (saayeunaeun) disebutna kawih pop Sunda.
Taun 60-an muncul deui kawih anyar anu disanggi ku Koko Koswara tina rumpaka anu dikirim ti para sastrawan. Masarakat Sunda nyarebutna nya kawih mang kokoan téa. Dina taun 80-an, panyanggi lagu séjénna pangpangna Ubun R. Kubarsah jeung Nano S. nyaranggi matéri kawih anyar. Sok mindeng dipirig ku kacapian, gamelan degung, gamelan saléndro, jeung musik Barat. Kawih-kawihna manjang tepi ka ayeuna.
***
Ari béh dieu-béh dieu, matéri tembang téh sok dipapalawankeun kana kawih. Yén, kawih téh sabalikna tina tembang, sarta tembang téh sabalikna tina kawih. Kitu umumna anggapan masarakat téh. Leuh, kumaha ieu téh? Aya deui nu méré wangenan yén kawih mah irama tandak, sarta tembang mah irama merdéka. Malah aya deui nu méré anggapan leuwih heureut ti dinya, yén kawih mah taya lian ti lagu-lagu mang kokoan, ari tembang mah taya lian nya cianjuran téa. Kituh!
Ieu anggapan umum nu neba di masarakat téh mémang aya kasang tukangna. Sawatara ahli kungsi nembrakkeun pamanggihna nu modél kitu. Éta pamanggih téh terus digugu jeung dijadikeun “bebeneran” anu lir teu bisa diganggu guat deui, da sidik kapan holna ti para ahli téa. Dalah éta anggapan téh jadi ageman anu pageuh dina pangajaran-pangajaran di sakola, tur di paguron luhur. Sumuhun, ieu hal téh tangtu baé perlu dipadungdengkeun kalawan daria dina ambahan nu leuwih jembar.
Mungkas ieu tulisan, ku hayang nepikeun yén kawih atawa seni sora Sunda henteu kudu didikotomikeun jadi dua, nyaéta kawih jeung tembang sakumaha nu neba dina anggapan umum téa. Tayohna nu merenah mah dina kawih téh aya matéri tembangna (mamaca, tembang ciawian, tembang cigawiran), di sagigireun kawih pupujian, kawih pasindénan, kawih pantun, kawih degung, kawih kacapian, kawih celempungan, kawih calung, kawih réog, kawih pop Sunda, jrrd. Enya, kaasup matéri-matéri nu aya dina kawih cianjuran. Kitu!***
*Dimuat di rubrik Kolom HU Tribun Jabar poé Jumaah tanggal 19 Juni 2019.