Katepi ku Surti Teu Katepi ku Sari

oleh -328 views
Foto: @julihsoedirman/FIB Unpad

Éséy Téddi Muhtadin*
(Kritikus Sastra, Kepala Pusat Studi Budaya Sunda (PSBS) FIB & Sékrétaris Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDPBS) Universitas Padjadjaran)

Puisi, nepi ka kiwari tetep mangrupa réalitas anu hésé didéfinisikeunana. Jauh di mancanagara kungsi aya dialog antara Boswell jeung Johnson, anu saterusna éta dialog téh diabadikeun dina sawatara buku ngeunaan pedaran sastra. Ceuk Boswell, “Juragan, dupi puisi téh naon?” Johnson ngajawab, “Wah, Juragan, langkung gampang nyebatkeun nu sanés puisi. Urang saréréa uninga cahya téh naon, tapi nyarioskeunana mah kapan henteu gampang.”

Kawas di mancanagara, dina kahirupan sastra Sunda ogé aya sawatara panyajak anu neundeun perhatian kana naon anu disebut puisi. Di antarana nyaéta Wahyu Wibisana, hiji panyajak anu geus ancrub ka dunya kasusastraan dina taun 1950-an sarta masih kénéh aktif tug nepi ka kiwari[1].

Anu unik dina carana Wahyu Wibisana medar naon ari puisi, nyaéta medar dina wangun sajak, lain dina wangun prosa atawa lancaran saperti nu ilahar aya dina buku-buku pedaran ngeunaan puisi. Dina buku kumpulan sajakna anu munggaran, Urang Naon di Cinaon (1992), kapanggih aya tujuh sajak Wahyu Wibisana anu nyata-nyata medar puisi. Éta sajak-sajak téh kabéhanana maké titimangsa taun 1979.

Dina sajak “Aya Puisi”, anu ditempatkeun panghareupna, Wahyu Wibisana nandeskeun yén puisi téh aya “dina pangparatan rasa” anu dibandingkeun jeung larik-larik saméméhna, yén puisi téh lir “Aya u-i-i/dina a-a-a/ Aya pulitisi/dina rapat raksasa/Aya pulisi/di parapatan jalan raya”. Anu saterusna dicindekkeun dina hiji “rumus”, yén puisi téh nyaéta lir “Aya I dina A”.

Ku lantaran puisi mah ayana dina “pangparatan rasa”, atuh anu diwadahanana ogé lain hal-hal anu kasat mata, tapi hal-hal anu sipatna batiniah. Dina bait panungtung sajak “Puisi Reumis” digambarkeun, yén puisi téh mangrupa “kalangkang nyawa”.

Sok sanajan kitu, puisi mah henteu stéril tina réalitas kahirupan. Puisi tetep “paeunteung-eunteung jeung kanyataan”. Puisi tetep “paeunteung-eunteung jeung pangharepan”. Hal ieu kagambar dina sajak “Puisi Beurang Puisi Peuting”.

Dina sajak “Puisi téh Buligiring Batin”, Wahyu Wibisana nyarita perkara kajujuran. Ku lantaran “puisi téh buligiring batin”, nya “dina kintelna kangen” jeung “dina angen-angen nu langen” baris “bruh-bréh diri masing-masing”.

Sajak “Pipuisieun nu Narumpi” ngaworkeun pikiran jeung rasa dina wangunan éstétik. Ieu sajak nyorot ngeunaan réalitas tina jihat mata panyajak. Dina ieu sajak ditétélakeun, yén kekecapan téh mangrupa imah pikeun puisi. Tapi puisi lain réalitas statis atawa beku, anu cicing sanggeus diimahan ku kekecapan. Puisi mangrupa réalitas anu dinamis, anu ngalantarankeun kekecapan mindeng “gagal” ngimahanana. Dina hal sarupa kieu réalitas “… mindeng ngalimba teu kadareudaan/kakelar teu kageteran/ieuh jeung deudeuh kapireukeun/alah jeung nyaah kakembakeun”.

Laju, naon atuh sababna kajadian saperti kitu? Dina bait panungtung sajak “Pipuisieun nu Narumpi” dijéntrékeun, yén loba pipuisieun ngan bisa katepi ku surti, lain ku sari: “Mangketi-keti pipuisieun nu narumpi/katepi ku surti teu katepi ku sari”.

Aya dua kecap anu penting anu jadi pananda dina éta sajak, nyaéta kecap surti jeung kecap sari. Kecap surti aya hubunganana jeung kecap puisi dina bait kahiji (sajak “Pipuisieun nu Narumpi”) sarta aya hubungan jeung fraseu kalangkang nyawa (dina sajak “Puisi Reumis”). Ari kecap sari mibanda hubungan jeung kecap kekecapan dina bait kahiji (sajak “Pipuisieun nu Narumpi”) sarta mibanda hubungan jeung fraseu kalangkang dunya (dina sajak “Puisi Reumis”).

Saterusna bisa disurahan, yén hubungan surti jeung sari téh kawas hubungan puisi jeung kekecapan. Puisi mangrupa eusi anu ngawengku kalangkang nyawa. Ari sari mangrupa wangun atawa sajak anu ngawengku kalangkang dunya.

Dina analogi séjén bisa disurahan, yén hubungan surti jeung sari téh lir hubungan ma‘na jeung harti. Ma’na sipatna leuwih subyéktif, harti sipatna leuwih obyéktif. Ma’na leuwih merlukeun kajembaran rasa, harti leuwih loba merlukeun seukeutna logika. Jadi, réalitas ma’na atawa puisi bisa katepi ku kajembaran rasa nu sipatna batiniah. Dina sajak “Clik Putih” ditandeskeun deui, yén puisi téh “cipati ati”.

Tapi, sok sanajan sakumaha éndahna, puisi manusa mah kacida rapuhna: “Sarébu puisi breng ngajamparing/paksi ngempur langit kasungging/Ngan ukur sagebrayan/raclik kaendag ku kingkilaban”. Nu digjaya mah “Puisi Gusti”, nu “tansah ngageterkeun sugri anu kumelip”.

Nilik kana sawatara sajak anu dipedar tadi, Wahyu Wibisana méré kalungguhan anu kacida pentingna pikeun rasa. Rasa sataranjang mampuh ngadareudaan jeung ngageteran mangketi-keti pipuisieun anu narumpi. Tapi, Wahyu Wibisana henteu terus ngagung-ngagungkeun rasa. Sabab sajujur-jujurna rasa, sasurti-surtina rasa, tetep keuna ku sifat fana. Ku kituna, sawangan Wahyu Wibisana ngeunaan puisi henteu jadi antroposéntris, komo deui égoséntris mah. Dina pedaranana, éksisténsi Gusti Nu Mahaéndah tetep ngungkulan sagala rupa kaéndahan nu diciptakeun ku mahluk-mahluk-Na.

Pamungkas, ieu pedaran henteu dipiharep jadi “tapsiran” tunggal kana sajak-sajak Wahyu Wibisana anu masualkeun perkara puisi. Ieu pedaran ngan ukur hiji sora di antara sora-sora anu kalintang bakal lobana.

Sumber:
Lain (Ukur) Éta: Kumpulan Éséy Sastra Sunda (2020) karya Téddi Muhtadin
Wedalan Unpad Press, Sumedang

*Pindotulis kalayan bébas tina pedaran Ade Kosmaya kana buku Urang Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana nu didugikeun di G.K. Rumentang Siang.

[1] Ieu éséy ditulis taun 1996 tur kungsi dimuat dina tabloid Galura, Minggu II, Désémber 1996; waktos Wahyu Wibisana suargi masih jumeneng (Almarhum ngantunkeun kaping 13 Oktober 2014).