Éséy Djasépudin
(Guru & Wartawan)
Wawuh ka Kelompok Studi Budaya (KSB) Rawayan téh tina jurnal nu dikokolakeunana. Asana jejer utamana nyaéta “Sagala Kapeurih Ati Nyumput Buni dina Seuri” mangrupa kumpulan tulisan tina sajumlahing aspék; kalebet tulisan suargina H. Usep Romli.
Nya pandeuri tepung langsung jeung nu naratasna mah. Kétang, jeung Kang Duddy RS mah leuwih ti heula. Da kungsi nganjang ka Tasikmalaya, ka HU Kabar Priangan.
Kungsi ogé diajak Kang Éris Risnandar, lanceuk entragan di Sastra Sunda Unpad (H1B 95) kana kagiatan Rawayan. Kitu baé lain acara formal cara komunitas budaya séjén nu singsarwa resmi. Sakainget mah mangrupa nganjang silaturahim ka Lélés Garut, gigireun pisan alun-alun Lélés.
Kungsi ogé ka Komplek Griya Bandung Indah (GBI) bumina Kang Dian Héndrayana. Asana nu ieu mah taun 2007 sareng Kang Dian (kitu nénéhna) ogé tos sapadamelan di Bandung TV. Di BTV salian Kang Dian, nu papada lulusan Sastra Unpad téh aya Mugi, Novian, sareng Astrid.
Anapon kagiatan Rawayan, nya kitu, ngawangkong sempal guyon. Kakapeungan nyawalakeun karya sastra atawa diskusi budaya nu singsarwa beurat mah. Bubuhan kawilang nu butiti, nya dina riungan Rawayan téh leuwih mindeng ngabandungan rupaning panineungan awak-awak Rawayan mangsa aranjeunna nyuprih pangarti atawa mitembeyan kokomunitasan bari ngahasilkeun karya.
Nu mindeng jadi “objék” wangkongan di antarana Kang Dédé “Madu” Syafrudin (Déma). Peujeuh mah harita anjeunna pareng teu milu riungan atuh ka Kang Déma deui ka Kang Déma deui léokna wangkongan téh. Najan kitu, saenyana mah lanceuk-lanceuk angkatan Kang Déma ngajénan bin salut ka Kang Déma téh. Teu kitu kumaha, ti jaman mahasiswa kénéh Kang Déma mah geus ngabukukeun kumpulan sajak-sajakna. Lain baé kamotékaran tapi butuh “napas panjang” ngumpulkeun sajak nu bacacar dina rupa-rupa média dina kondisi mahasiswa kénéh mah.
Kabéhdieunakeun, ngan Dédé Syafrudin jeung Déni A. Fajar awak-awak Rawayan nu sajakna kapilih ku Ajip Rosidi dina buku Sajak Sunda (2007) wedalan Kiblat Buku Utama. Padahal, Kang Déma kawilang yunior di antara sastrawan di komunitas Rawayan.
Lebah karya, tulisan-tulisan dina rupa-rupa média, diajén ku sababaraha lembaga jadi salah sahiji bukti Rawayan gedé pangaruhna kana tapak lacak awak-awakna. Atuh dina komunitas nu leuwih lega, nya Rawayan ogé salah sahiji cukang lahirna komunitas Dangiang nu ogé medalkeun jurnal budaya.
Ari sayah, diajar nulis téh leuwih nyoko kana karya-karya nu geus nyampak. Kaasup tina produksi Rawayan sarta luang pangalaman aranjeunna. Écés, lebah dinya mah Rawayan téh suksés jadi salasahiji cukang lantaran medalna para sastrawan jeung profési séjénna bari tetep napak dina ajén budaya Sunda. ***
Bogor, 02 Januari 2021