Éséy Téddi Muhtadin
(Kritikus Sastra & Sékrétaris Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran)[1]
Aya nu matak pikareueuseun mun niténan kahirupan sastra jeung budaya Sunda dina mangsa pasca-Réformasi. Hal ieu katangén ku gelarna buku-buku basa Sunda ti pamedal Kiblat Buku Utama, gelarna Énsiklopédi Sunda (2000), lumangsungna Konférénsi Internasional Budaya Sunda (2001) nu diteruskeun ku ngadegna Pusat Studi Sunda (2002) sarta medalna buku séri Sundalana (ti mimiti 2003) jeung majalah Cupumanik (ti mimiti 2003). Lian ti éta, gelar deuih buku Apa Siapa Orang Sunda (2003) pikeun ngalengkepan Énsiklopédi Sunda jeung tilu kamus nu kawilang kandel, nyaéta Kamus Sunda-Inggris (2003) yasana R. Rabindranat Hardjadibrata, Kamus Basa Sunda R. Satjadibrata (2005, pindo citak), jeung Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (2007). Kamus anu katilu pangkandelna, ngamuat 40.000 éntri.
Éta kagiatan jeung pamedalan téh patali jeung Ajip Rosidi (hafidzo-hulloh), boh salaku pimpinan boh salaku éditor. Di sagigireun éta, Ajip Rosidi (saterusna disingget AR) ogé sacara konsistén terus ngalaksanakeun kagiatan nu geus ditaratas ti dékadeu saméméhna, nyaéta masrahkeun Hadiah Sastra Rancagé (ti taun 1989) jeung nulis rupa-rupa buku ngeunaan basa, sastra, jeung kabudayaan Sunda.
Di luar lingkungan AR, dina mangsa pasca-Réformasi ogé lahir Bandung TV (2005), Kusnét (2000), Sundanét, majalah Sunda Midang (2004) harian Koran Sunda (2006), jeung majalah Balébat (2007) nu jadi ranah publik sastra jeung budaya Sunda. Dina widang buku medal Lima Abad Sastra Sunda I (2000) jeung Nur Hidayah (2002) yasana H.R. Hidayat Suryalaga anu mangrupa saritilawah Al-Qur’an nu lengkep dina wangun dangding. Lian ti éta, Poé Basa Indung Internasional nu ditetepkeun ku UNESCO dina taun 1999 geus mimiti dipiéling di Bandung ti taun 2006. Upama ditékték hiji-hiji mah kagiatan nu patali jeung sastra katut budaya Sunda téh tangtu loba kénéh.
Di sagigireun kareueus, tangtu aya ogé kahariwang kana kahirupan sastra jeung budaya Sunda. Contona, dina Jurnal Budaya Sunda Dangiang nomer 3 digunakeun “Loncéng Kematian Bahasa Sunda” minangka judul utama. Dina H.U. Pikiran Rakyat (17 Pébruari 2007) medal tulisan anu judulna “Matinya Bahasa Sunda”. Nu jadi pertanyaan téh, naha undakna pamedalan jeung kagiatan nu tumali jeung sastra katut budaya Sunda téh saenyana mah dilantarankeun ku kahariwang tilemna sastra katut budaya Sunda?
Ieu kajadian anu lumangsung dina pasca-Réformasi téh bisa dibandingkeun jeung kahirupan sastra Sunda pasca-Révolusi taun 1950-an jeung 1960-an. Dina dua dékadeu ieu medal majalah-majalah Sunda, buku-buku Sunda, jeung lahir organisasi-organisasi nu mibanda oriéntasi kasundaan. Éta kagiatan téh mémang didorong, di antarana, ku kahariwang yén basa Sunda bakal musna, basa Indonésia nu nyosok nepi ka padésan, pangaruh kabudayaan Barat nu beuki nerekab, sarta kandelna cap provinsialistis pikeun maranéhna anu aktif dina kabudayaan Sunda. Nya dina mangsa pasca-Révolusi atawa dékadeu taun 1950-an ieu pisan AR mimiti ancrub kana kahirupan sastra jeung budaya Sunda téh. Harita AR mimiti nulis kritik, ngayakeun gunem catur, sarta aktif dina widang sastra jeung kabudayaan Sunda umumna.
Dina ieu tulisan kuring rék niténan hubungan antara gagasan AR jeung problématika kahirupan masarakat Sunda, cara anu kagambar dina karya-karya kritik sastrana. Perlu dicatet yén istilah kritik sastra nu digunakeun dina ieu tulisan henteu nujul kana karya tulis nu ngan méré ajén kana karya sastra, tapi ngawengku éséy-éséy sastra Sunda nu ditulis ku AR.
Tumali jeung éta, poko masalah nu baris diguar dina ieu tulisan téh nyaéta: naha kritik sastra Sunda AR téh mangrupa bagian tina pasualan substansi masarakat Sunda?
Di dieu perlu diécéskeun yén anu dimaksud ku substansi téh dumasar kana Kamus Besar Bahasa Indonésia (1989) mah hartina sarua jeung eusi, poko, inti, atawa watek nu sabenerna. Ku kituna, anu dimaksud ku pasualan subtansi masarakat Sunda téh taya lian ti inti bangbaluh anu karandapan ku masarakat Sunda. Urang terang unggal bangbaluh pasti néangan jalan kaluar. Tah, ieu jalan kaluar téh disebutna émansipasi. Sok sanajan kitu, istilah émansipasi henteu ngan dilarapkeun kana tarékah enggoning ngabébaskeun manéh tina bangbaluh sosial saperti perbudakan, kolonialismeu, kakawasaan anu nandasa, tapi kaasup ogé tarékah pikeun ngabébaskeun manéh tina bangbaluh internal saperti gangguan-gangguan psikis jeung “kabodoan” (Hardiman, 1993: 18).
Ieu masalah téh bisa dijéntrékeun saupama masalah-masalah séjénna milu dijéntrékeun. Masalah-masalah anu baris dijéntrékeun téh nyaéta konsép kritik sastra Sunda nu digunakeun ku AR, gaya basa AR, posisi tékstual AR dina pasualan substansi ranah publik média massa Sunda taun 1950-an jeung taun 1960-an, fungsi sosial kritik sastra Sunda AR, jeung éféktivitas kritik sastra Sunda AR dina ngawujudkeun fungsi sosialna.
Konsép-konsép
Konsép nu digunakeun ku AR dina karya kritikna téh kawilang loba, tapi nu rék didadarkeun di dieu mah tilu konsép baé, nyaéta konsép ngeunaan kritik sastra, sastra, jeung périodisasi sajarah sastra Sunda.
Kritik Sastra
Sok sanajan geus ti taun 1956 kénéh AR nulis kritik sastra dina basa Sunda, tapi kakara dina taun 1965 ngarumuskeun konsép kritik sastrana sacara définitif. Aya dua tulisan anu patali jeung ieu hal. Tulisan kahiji, mangrupa bagian tina padungdengan ngeunaan topik nu leuwih jembar, judulna “Mapay-mapay Raratan” nu diumumkeun dina Mingguan Sunda taun ka-I, no 18 jeung 19 jeung 26 Juni 1965. Tulisan kadua judulna “Kritik Sastra” dimuat dina Mingguan Sunda no. 24, 25, 26, jeung 27, tanggal 4, 11, 18, jeung 25 Agustus 1965. Duanana laju dimuat dina buku Dur Pandjak! (1966).
Sacara basajan AR ngahartikeun kritik sastra téh minangka “rupaning karangan prosa nu ngajujut hasil sastra atawa sastrawan” (1966:123). Dina sawangan AR anu disebut kritik sastra téh lain ngan karangan anu nalungtik karya sastra, tapi kaasup ogé karangan anu nalungtik sastrawanna; tur éta karangan téh kudu ditulis dina wangun prosa, lain puisi.
Sok sanajan saterusna AR nyaruakeun istilah kritik sastra téh jeung criticism dina basa Inggris (1966:123), tapi karangan anu diécéskeun ku AR béda jeung istilah criticism nu dipikawanoh sacara umum. Minangka bahan babandingan, H.B. Jassin méré watesan yén kritik sastra téh mangrupa “pertimbangan baik atau buruk suatu hasil kesusastraan” (1965:84). Ari Rene Wellek jeung Austin Warren dina buku Teori Kesusastraan nétélakeun yén kritik sastra téh patali jeung karya-karya anu kongkrit. (1989:38). Hartina, patali jeung karya sastra, lain pangarang atawa nu lianna.
Dina sawangan AR, kritik mibanda kalungguhan anu penting jeung kritikus mibanda peran stratégis. Ku lantaran kitu, bisa kaharti upama kritik sastra téh dijadikeun lawang ku AR pikeun asup kana kahirupan sastra Sunda.
Salah sahiji jalan pikeun ngahontal éta hal, nya ku ngeusian tempat anu kosong kénéh, ku ngabaladah jalan-jalan anu pada ngabaidkeun, di antarana nya ku nulis éséy jeung kritik (1989:5).
Konsép Sastra
AR ngécéskeun yén sangkan bisa ngabédakeun mana sastra jeung mana nu lain sastra hiji kritikus kudu leuwih ti heula wanoh kana hakékat, perbédaan, jeung wates sastra jeung nu lain sastra (1966:129). Pikeun ngajawab hal éta AR nolak katerangan étimologis jeung watesan ilmiah. Cenah katerangan étimologis mah umumna ngan ukur nepi ka nerangkeun asal-usul kecap, tapi henteu mampuh nyawang kamekaran hartina nu terus robah (1966:129). Kitu deui watesan ilmiah biasana ngan nepi kana konstatasi ngeunaan sastra nu geus aya, kurang méré tempat pikeun gagasan-gagasan jeung ideu-ideu sastra nu jadi cita-cita jeung tujuan pangarang nu (masih) kénéh diwujudkeun (1966:129-130). Ku lantaran kitu, AR nempatkeun pamarekan étimologis jeung ilmiah téh ukur pikeun ngalengkepan wungkul (1966:130). AR nyieun watesan yén sastra téh nyaéta
… gelaran kreasi estetis manusa nu satjara rohaniah ngahudangkeun kainsapanana kana djangkar-djangkar djeung kondisi kahirupan-kahirupan kamanusaan kalawan ngagunakeun basa. Njaeta hidji wudjud kagiatan rohaniah manusa nu kalawan ngagunakeun basa ngagelarkeun realitas anjar nu rasional, suprarasional djeung visional mangrupa katunggalan mikrokosmos nu ngahudangkeun kainsapan kana katunggalan makrokosmos. (1966:133-134).
Tina ieu watesan AR ngagurathandapan tilu kecap anu kudu diperhatikeun, nyaéta basa, éstétis, jeung kainsapan. AR (1966:134) ngécéskeun yén sastra téh nyaéta wangun seni anu ngagunakeun basa, boh lisan boh tulisan. AR (1966:134-135) ogé mére conto yén karya filsafat jeung élmu nu ngahudang kainsapan, tapi henteu éstétis, henteu kaasup sastra. Kitu deui sabalikna, karangan éstétis anu henteu ngahudang kainsapan, henteu disebut sastra deuih.
Périodisasi Sajarah Sastra Sunda
Pedaran ngeunaan périodisasi sajarah sastra Sunda aya dina éséy nu judulna “Périodisasi Sajarah Sastra Sunda” taun 1967. Ieu tulisan téh laju dimuat ogé dina buku Ngalanglang Kasusastran Sunda (1983). Dina éta buku, tulisan ngeunaan périodisasi sajarah sastra Sunda bisa dianggap mangrupa rarancang atawa pola pikeun tulisan-tulisan séjénna nu mangrupa kritik kana karya sastra jeung pangarang. Ku lantaran kitu, ku niténan susunanana ogé, ieu buku téh saenyana mah ngagambarkeun ogé périodisasi sajarah sastra Sunda.
AR ngasongkeun périodisasi sastra Sunda nu leuwih basajan batan périodisasi sastra Sunda saméméhna nu disususn ku R.I. Adiwidjaja dina buku Kasusastran Sunda I (1954) jeung buku Kasusastran Sunda II (tanpa taun), sarta M.A. Salmun dina buku Kandaga Kasusastran (1958). AR (1983:30) ngajelaskeun yén dumasar kana bahan-bahan sastra Sunda nu kapanggih nepi ka harita, sejarah sastra Sunda téh bisa dibagi kana tilu périodeu, nyaéta Jaman Buhun, Kamari, jeung Jaman Kiwari. Dina Jaman Buhun dihasilkeun karya-karya sastra, boh lisan boh tulisan, nu teu kanyahoan saha nu ngarangna. Jenis karya sastra lisan nu kapanggih dina ieu mangsa di antarana nyaéta carita pantun, carita mitologi, fabel, jangjawokan, asihan, jampé, jeung kawih. Ari naskah-naskah kuno nu bisa digolongkeun kana karya sastra, di antarana, Carita Warugaguru jeung Carita Kunjarakarna.
Jaman Kamari, ceuk AR (1983:30) ngawengku karya-karya sastra nu dihasilkeun waktu manusa Sunda aya dina ranggeuman penjajahan, ti mimiti Mataram, Walanda, Inggris, Walanda, nepi ka Jepang. AR ngajelaskeun yén ti mimiti H. Muhammad Musa para pangarang nuliskeun ngaranna dina hasil ciptaanana. Nu kaasup para pangarang Jaman Kamari, di antarana H. Hasan Mustapa, Kalipah Apo, D.K. Ardiwinata, Suriadireja, Joehana (Ahmad Basah), Moh. Ambri, jeung R. Memed Sastrahadiprawira.
Ari Jaman Kiwari, ditétélakeun ku AR (1983:30) lumangsung satutas Indonésia merdika. AR méré ngaran kana ieu jaman téh minangka hudangna deui jiwa jembar Sunda atawa rénaisans kapribadian Sunda. Asup kana kolom pangarang jaman ieu, di antarana Sayudi, Surachman R.M., Rusman Sutiasumarga, Ki Umbara, Yus Rusamsi, Wahyu Wibisana, Yus Rusyana, Racmat M.Sas. Karana, Ayatrohédi, Tini Kartini, Dudu Prawiraatmadja, jeung Iskandarwassid.
Saterusna, AR (1983:30) ngajéntrékeun yén jiwa unggal jaman téh mangaruhan hasil ciptaanana. Dina karya sastra Jaman Buhun katangén ayana kajembaran jiwa Sunda, nyaéta Sunda nu bébas merdika; dina Jaman Kamari, katangén héngkérna jiwa Sunda; sedengkeun dina Jaman Kiwari katangén hudangna deui jiwa jembar Sunda.
Gaya Basa
AR téh salah sahiji kritikus anu sadar kana pentingna gaya basa. Dina tulisanana nu dimuat di harian umum Pikiran Rakyat tanggal 7 Juni 2004 nu judulna “Ilmu itu untuk Diamalkan”, AR nyaluyuan pangarang Perancis nu nyebutkeun yén gaya téh mangrupa kulit daging pangarang. Ku lantaran kitu, ceuk AR, gaya téh henteu bisa dirobah jeung inyana ogé henteu boga maksud rék ngarobah.
Laju, kumaha ari gaya AR?
Dina tulisan anu judulna “Nyingkabkeun Saweuy” nu dimuat dina Sipatahoenan nomer 205 tanggal 14 Séptémber 1959 nu saterusna dimuat dina buku Bébér Layar! Diécéskeun yén dina nulis AR sacara sadar ngagunakeun cara heureuy jeung ngaheureuykeun (1989:72). Cara saperti kitu téh pangpangna dilakukeun pikeun ngritik lawan-lawanna. Atuh lawan-lawanna, ceuk AR, “Bahasa Ajip, njaéta basa nu ramijud téa, anu kamalayon, matak njentug kana manah juragan guru basa Sunda” (1966:64-65).
Ngarah leuwih jéntré, dina tulisan ieu kuring seja niténan gaya basa AR dumasar kana gaya wacana, gaya kalimah, jeung gaya kecap.
Gaya Wacana
Aya dua hal anu katitén nenggang dina gaya wacana kritik (sastra Sunda) AR, nyaéta digunakeunana undak-usuk basa jeung gaya malénan (pengulangan, rédundansi).
Sacara umum karya kritik AR ngagunakeun basa loma. Ieu ragam basa téh pangpangna digunakeun pikeun tulisan-tulisan nu ditujukeun ka pamaca nu sipatna umum, sobat, atawa ka diri pribadi saperti dina catetan poéan. Lian ti ngagunakeun ragam basa loma, AR ogé ngagunakeun ragam basa lemes pikeun tulisan-tulisan nu ditujukeun ka nu dihormat ku AR.
Lian ti ngagunakeun ragam basa, anu katangén nonjol dina karya-karya kritik AR, nyaéta ayana gaya malénan. Minangka contona, AR ngabalénan deui pedaran ngeunaan konsép bebeneran dina perspéktif Sunda. Cutatan ieu di handap aya dina éséy nu judulna “Nyingkabkeun Saweuy” nu diumumkeun dina Sipatahoenan nomer 205 tanggal 14 Séptémber 1959, terus dimuat dina buku Bébér Layar!
Istilah “truth” dina basa Inggris, dina basa Indonésia mah “kebeneran”. Ari karuhun Sunda mah nyebutna téh “bebeneran”. Ieu istilah ngagambarkeun kalawan écés pisan, yén karuhun Sunda baheula téh miboga jiwa anu kritis. Para karuhun Sunda insap yén mungguhing hirup di dunya mah euweuh nu enya-enya bener. Kecap “bebeneran” kacida subyéktifna, némbongkeun yén “truth” téh keur karuhun Sunda mah, subyéktif, sarua jeung babalédogan sugan kabeneran. Jadi, henteu mutlak bener. Némbongkeun kajembaran panalar, yén henteu ngan hiji baé nu bener téh, cara kekembangan, jujukutan anu hartina lain ngan sarupa kembang atawa jukut, tapi mangrupa-rupa jukut jeung kembang anu mutuh matak éndah…. (1989:72).
Pedaran ngeunaan bebeneran dibalénan deui dina tulisan AR nu judulna “Tjatetan-tjatetan Ngeunaan H. Hasan Mustapa”. Ieu tulisan téh mimiti diumumkeun dina surat kabar Sipatahoenan nomer 28, 29, jeung 30, tanggal 4, 5, jeung 6 Pébruari 1960. Laju dimuat deui dina buku Dur Pandjak!
Karuhun Sunda keur ketjap “truth” dina basa Inggris ngagunakeun ketjap “bebeneran”. Ieu ketjap téh ngélingan ka urang jén saenjana mah mungguhing di alam dunja taja nu enja-enja bener. Saenjana mah taja nu mutlak bener atawa mutlak salah. Bebeneran hartina babaledogan, sugan keuna, sugan ninggang, sugan kabeneran. Bebeneran hartina sugan bener, atawa bener ceuk anu ngabenerkeunana. Mun aja ogé anu ngabenerkeun, bané wé éta mah kabeneran panudjueun. Lain hartina enja-enja mutlak bener.
Ketjap “bebeneran” ngabédjaan jén karuhun Sunda téh subyéktifna dina enggoning nangtukeun sikep kana sagala hal. Jembar deui (1966:26).
Gaya Kalimah
Malénan hiji konsép henteu ngan aya dina kontéks wacana, tapi aya ogé dina kontéks kalimah. Perhatikeun kumaha AR malénan nepi kalima kali kalimah nu dimimitian ku kecap kasadaran dina hiji paragraf.
Kasadaran téh salah hiji hal anu mutlak dipénta ku unggal hasil-seni, nya kitu deui ku seni-sastra. Kasadaran nyipta. Kasadaran si sastrawan enggoning ngaréka sastra. Kasadaran milih sastra ngagunakeun kecap dina tulisanana. Kasadaran kana maksud sarta tujuan nyastra (Rosidi, 1989:14).
Lian ti malénan kalimah, AR mibanda alat séjén pikeun nandeskeun pentingna gagasan, nyaéta ku ngagunakeun babandingan. Sababaraha babandingan nu mindeng katangén dina tulisan AR nyaéta sinéstési, métafora, ironi, jeung sarkasmeu.
Sinéstési nyaéta gaya basa nu ngagunakeun aspék indra nu hiji pikeun negeskeun aspék indra nu séjén.
Dina karangan-karanganana, Sahuri némbongkeun topék, kalancar, paneuleu anu sekeut sarta panalar anu jembar. Pinuh ku aforisma. Basana hégar, teu loba ngagunakeun klise, tapi lain hartina teu ngagunakeun kabiasaan urang Sunda anu nyarita: pinuh ku purwakanti jeung mamanis basa (Rosidi, 1989:20)
Nu leuwih mindeng digunakeun ku AR dina tulisan-tulisanana nyaéta métafora atawa babandingan langsung. Cutatan ieu di handap minangka conto métafora nu aya dina buku Béber Layar!
Tradisi mah ngan wungkul panangtungan jeung sumber inspirasi, dina enggoning sastrawan-sastrawan (urang) Sunda nyanghareupan lambak panéka jaman (Rosidi, 1989:17).
Ironi mangrupa majas nu digunakeun ku AR. Dina salah sahiji éséyna nu judulna “Sastra jeung Surat Gedé” AR ngritik hiji kritikus nu ngajén karya sastra lain ku ukuran sastra, tapi ku éfék psikologis nu ditarima ku manéhna. Sang kritikus nétélakeun yén buku nu dibacana alus sabab waktu maca cipanonna mili. Dina majas ironi AR nyebutkeun yén cipanon nu kaluar téh bisa dijadikeun ukuran pikeun nangtukeun ajén sastra.
Ana rék muji hiji carita nu alus, naros cukup ku: “Da éta mah ari maca buku-buku salinan Ardiwinata, cipanon téh mani ngembeng”……. Sigana engké mah keur nangtukeun ajén sastra téh kudu disayogikeun cacangkir. Cacangkir nu pangpinuhna ku cipanon, nandakeun yén buku anu dibacana pangalusna! Atawa pabaseuh-baseuh saputangan baé? (Rosidi, 1989:57).
Pikeun ngritik lawan-lawanna, AR henteu sungkan ngagunakeun gaya sarkasmeu. Dina hiji kritik anu dialamatkeun ka LB & SS (Lembaga Basa & Sastra Sunda) AR ngagunakeun ragam basa nu kacida kasarna nyaéta “gembul dangu”. Frasa “gembul dangu” asalna tina frasa “kirang dangu”. Ieu frasa téh digunakeun pikeun ngalemesan kecap “torék”. Saenyana, dumasar kana undak-usuk basa Sunda mah frasa “gembul dangu” téh teu merenah lantaran dina kecap “gembul” sorangan ngandung harti “torék” atawa “kirang dangu” téa. Atawa, kecap “kirang” henteu bisa diganti ku kecap “gembul”. Tapi, maksudna jelas, AR ngritik yén éta lembaga téh bener-bener torék, teu daék ngadéngé sora sastrawan ngora nu keur néangan pamedal.
AR ogé mindeng ngagunakeun pakeman atawa paribasa, boh gembleng boh dirobah. Contona, dina tulisan anu judulna “Sastra jeung Surat Gedé” dijéntrékeun yén buku-buku ngeunaan kasusastraan Sunda nu aya harita umumna henteu dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis jeung henteu mibanda sistimatika anu hadé. Buku nu hiji mindeng ngan ukur tironan tina buku séjén. Ceuk AR, buku Sunda téh sok sanajan jumlahna aya sababaraha judul, eusina mah atung-atung énéh aé.
Gaya Kecap
Salaku kritikus jeung panyajak, perhatian AR kana pilihan kecap kacida kuatna. Kecap-kecap nu digunakeun ku AR nyaéta kecap-kecap anu écés tur tandes. AR henteu méré lolongkrang kana kecap nu samar. Dina panganteur buku Bébér Layar!, nu mangrupa buku kumpulan éséy jeung kritik, AR nétélakeun kalayan tandes yén buku nu ditulisna téh mangrupa buku munggaran nu aya dina sastra Sunda.
Gaya kecap AR katangén ogé dina dua judul buku kumpulan kritikna nyaéta Bébér Layar! (1964) jeung Dur Pandjak! (1966). Éta judul-judul buku téh ditungtungan ku panyeluk. Bébér Layar! hartina ngajak singkil pikeun ngamimitian hiji lalampahan anyar, “ngambah samudra ngajajah buana” (Rosidi, 1989: 6). Dur Pandjak! henteu jauh ti Bébér Layar!, hartina ngajak ngamimitian. Upama Bébér Layar! dicokot tina citraan laut, Dur Panjak! mah dicokot tina citraan seni pintonan.
Mindeng ogé AR nyieun dikotomi atawa kontras tina dua hal anu béda. Di lebah dieu AR biasana mihak salah sahiji (inklusi) tur nolak nu séjénna (éksklusi). Dikotomi atawa kontras nu aya dina tulisan AR téh, di antaranya nyaéta: ajén >< wangun; aktif >< pasif; asli >< kliseu; bebeneran >< mutlak bener; cangcaya >< percaya; daria >< ngabojég; jembar >< sundek; kasadaran >< kateusadaran; kréasi >< réproduksi; kréatif >< salon; kritis >< narima; merdika >< text book thinking; motékar >< ahli waris; nyaring >< ngalindur; nyiar >< dihuapan; rancagé >< mandahongismeu, begogismeu; sastra >< lain sastra; seni >< karajinan; subyéktif >< obyéktif; usaha >< perbawa; waras >< édan.
Posisi Tékstual
Pikeun medar pasualan substansi ranah publik média massa Sunda dina taun 1950-an jeung tahun 1960-an sarta posisi tékstual kritik sastra Sunda AR, aya sababaraha majalah jeung surat kabar nu dijadikeun sumber data di antarana nyaéta Warga, Kalawarta Kudjang, Sipatahoenan, jeung Manglé.
Pasualan Substansi Ranah Publik Média Massa Basa Sunda
Taun 1950-an jeung 1960-an mangrupa mangsa anu genting tur penting dina kahirupan masarakat Sunda. Harita, Sunda geus lain deui ngaran hiji bangsa, tapi ti saprak Proklamasi Kamerdikaan 1945, babarengan jeung Jawa, Batak, Bali, jeung nu lianna, geus jadi bagian tina ka-bhinnéka-an sélér bangsa nu aya di jero ka-tungal-an bangsa Indonésia.
Dina dua dékadeu, ieu kasadaran kasundaan téh, Mikihiro Moriyama (2005:xxi) mah nyebutna: “nasionalismeu” Sunda, katangén narikan deui. Tapi, upama dina abad ka-19 M jeung awal abad ka-20 M kasadaran kasundaan, nu ku Mikihiro disebut ogé “semangat baru” téh dilantarankeun ku diterapkeunana politik étis ku pamaréntah kolonial Walanda, “nasionalismeu” Sunda nu muncul dina taun 1950-an jeung 1960-an mah dilantarankeun ku évaluasi kana kalungguhan masarakat Sunda di jero lingkungan kabangsaan Indonésia jeung gulidagna modérnisasi.
Boh “nasionalismeu” kasundaan nu gelar dina abad ka-19 M boh dina abad ka-20 M karékam dina kahirupan kasusastraanana. Atawa, bisa ogé disebutkeun yén “nasionalismeu” kasundaan téh mangaruhan kana kahirupan kasusastraanana.
Dina dékadeu 1950-an tanah Sunda jadi pakalangan tarung campuhna idéologi, pulitik, jeung kakawasan. Conto nu nyata nyaéta konflik anu kalalanjoan antara Pamaréntah Républik Indonésia jeung DI/TII sarta ayana parobahan politik tina nagara RIS kana Nagara Kesatuan Républik Indonésia. Éta konflik-konflik téh gedé pisan pangaruhna kana kahirupan masarakat Sunda. Konflik antara pamaréntah RI jeung DI/TII ngabalukarkeun masarakat katalangsara, pangpangna nu aya di padésan. Parobahan pulitik ti RIS jadi nagara kesatuan ngabalukarkeun kasingkirkeunana sabagian gedé élit Sunda anu jadi pajabat nagara.
Hal éta ngalantarankeun timbulna rupa-rupa gerakan kasundaan boh sosial, politik, ékonomi, atawa kabudayaan. Dina widang sosial pulitik lahir Gerpis (Gerakan Pilihan Sunda), Daya Sunda, FPS (Front Pamuda Sunda), jeung BMS (Badan Musyawarah Sunda). Dina widang kabudayaan timbul kagiatan-kagiatan kabudayaan, saperti Simposium Bahasa Sunda (1945), Kongrés Bahasa Sunda (1956), Simposium Sastra Sunda (1955), jeung Kongrés Pamuda Sunda (1956). Dina widang atikan lahir Universitas Padjadjaran Bandung (1959) nu dipiharep jadi kareueus masarakat Sunda.
Lian ti éta, dina dékadeu 1950-an jeung 60-an ogé urang nyaksian medalna ranah publik majalah jeung surat kabar Sunda, di antarana: Lingga (1950), Warga (Bogor, 1951), Sunda (Bandung, 1952), Budaja (Bandung, 1952), Candra (Bogor, 1954), Panghégar (Bandung,1955), Kudjang (Bandung,1956), Manglé (Bogor,1957), Kiwari (Jakarta, 1957), Simpaj (Jakarta,1957), Kalawarta Lembaga Basa djeung Sastra Sunda (Bandung,1957), Utusan Sunda (?), Sari (1962), Langensari (1963), Sangkuriang (1964), jeung Mingguan Sunda (1966).
Lian ti Manglé anu masih kénéh hirup nepi ka ayeuna, kabéhanana ogé geus tilem. Tapi, medalna koran jeung majalah téh geus jadi saksi hirupna wacana kasundaan. Dina panganteur munggaran nu dijudulan “Ngawawuhkeun”, rumpaka Warga ngaenyakeun yén ti mimiti medal Papaés Nonoman dina taun 1914 nu dipingpin ku D.K. Ardiwinata nepi ka Lingga nu medal taun 1950 nu dipingpin ku Kadir Tisna Sudjana, média massa Sunda téh timbul-tilem. Tapi, anjeunna ningali yén éta téh lain kahéngkér, tapi malah mangrupa kaunggulan.
…Kawas aja benerna nu njebutkeun jén Sunda téh “Keneng lara tan keneng pati” atawa sugan abus kana omonganan Bonaparte: “Anu disebut digjaja téh lain anu tara nambru, tapi anu unggal tas nambru bisaeun hudang deui (Warga, 1950:3).
Kitu deui rumpaka majalah Kiwari dina panganteur nomer mimiti, Juni 1957, nyeluk ka sakumna masarakat Sunda pikeun nalungtik sajarah, perjoangan jeung lara balangsakna, sabab, cenah, geus lila teuing bolostrong, naif, jeung percaya ka nu lian. Laju, ku kalimah anu tandes jeung écés inyana nétélakeun yén geus waktuna masarakat Sunda mibanda sikep waspada jeung kritis.
Dina panganteur nomer kahiji nu dijudulan “Ngaran” rumpaka Kudjang ogé nétélakeun yén medalna éta koran mibanda tujuan:
Lain rék nyangkéwok, kurung batok, payus kana babasan “Sunda sundek” tapi nu dicileuk mah “Sunda sundul” ku jembaran.
….yén nu disuprih téh, bisa nyumbangkeun sasieureun-sabeunyeureun keur kapentingan Ki Sunda anu kiwari kabolér dina sagala lapangan. (Kudjang, 1956:1).
Tarékah medalkeun média nu ngagunakeun basa Sunda taun 1950-an téh niatna teu béda jeung medalna média basa Sunda taun 1960-an. Dina panganteur majalah Baranangsiang édisi kahiji, nu medalna bareng jeung poé lahirna Pancasila, 1 Juni 1967, rumpakana ogé nétélakeun yén medalna éta majalah téh dipimaksud pikeun nyumponan halabhabna masarakat Sunda kana bacaan.
Dumasar kana panganteur rumpaka nu aya dina nomer-nomer munggaran koran jeung majalah Sunda bisa katitén yén medalna média massa citak basa Sunda téh mangrupa bagian tina perjoangan masarakat Sunda, nu dina kontéks kaindonésiaan mah keur katinggaleun di ampir sakumna widang kahirupan. Nya dina média massa Sunda pisan masarakat Sunda madungdengkeun deui masalah-masalah nu disanghareupan ku maranéhna tur babarengan néangan jalan kaluarna.
Ku kasang tukang saperti kitu, henteu bisa dipungkir deui yén ranah publik média massa Sunda dékadeu 1950-an jeung 1960-an téh nyadiaan tempat anu lega pikeun ayana padungdengan publik. Ngawangun organisasi kamasarakatan, politik, kabudayaan, jeung kasenian katut masalahna, saperti sababaraha polémik ngeunaan basa, sastra, jeung kasenian Sunda, bisa kapanggih dina lambaran média massa citak Sunda. Tapi, éta tarékah téh henteu suwung ku masalah jeung tangtangan.
Dina widang sastra, upamana, Yus Rusyana nyatet kalayan telik yén problématika nu disanghareupan ku sastrawan Sunda dina dékadeu taun 1950-an téh, kahiji maranéhna nyanghareupan tangtangan ti jero, nyaéta ti para pangarang saméméhna. Ceuk Yus Rusyana (1969: 34), dina carana nulis para pangarang ngora dianggap ku pangarang sepuh loba kaluar tina basa Sunda lantaran loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Kadua, tangtangan dina widang politik, ékonomi, jeung kabudayaan umumna. Patali jeung hal éta Yus Rusyana ngadadarkeun yén:
Panuding ”Provinsialisme” ka singsaha anu ngagarap kabudayaan daérah, mangrupa pitenah-pitenah anu ngaganggu kana katengtreman gawé. Kitu deui tarung pilitik anu taya reureuhna, gétréngna golongan jeung golongan, lain kondisi anu positip pikeun giatna pagawéan, kaayaan ékonomi anu teu stabil lain baé neken kahirupan pangarang sacara individu, tapi ogé nyulitkeun pikeun terbitna hasil karyana, sabab réa penerbit ogé teu wanieun nyokot résiko. Kabudayaan asing nu ngaruksak, mangrupa hiji tangtangan anu bangga, sabab ku kakuatan matéri jeung téhnik anu leuwih unggul, éta kabudayaan asing téh laluasa ngaranjah masarakat anu masih kénéh can gugon kana cecekelanana. Timbul anggapan anu négatip kana kabudayaan sorangan (Rusyana, 1969: 35-36).
Pasualan anu timbul dina taun 1950-an tur tinekanan mikat perhatian para pangarang nyaéta polémik ngeunaan sajak Sunda. Polémik anu munggaran, saur AR (2007: 7), gelar di sabudeureun taun 1950 dina surat kabar Sipatahoenan. Ieu polémik téh dilantarankeun ku hiji pangarang nu nyumput di satukangeun ngaran Ki Sunda nu nganggap yén puisi Sunda nu kudu dipiara minangka warisan karuhun téh dangding, lain sajak. Ieu tulisan meunang réaksi boh ti para pangarang nu satuju boh ti nu teu satuju.
Polémik anu kadua gelar dina taun 1955 dina majalah Warga. Ieu polémik dimimitian ku tulisan Wahyu Wibisana anu judulna “Sadjak Sunda”. Ieu tulisan dimuat dina rubrik Arena Pena majalah Warga taun 1955. Dina éta tulisan Wahyu Wibisana (1955: 17-19) ngadadarkeun harti penting sajak pikeun kamekaran sastra Sunda. Sok sanajan sajak mibanda ukuran nu pondok tur ngandung teka-teki saperti sisindiran atawa wawangsalan, tapi mibanda harti atawa ma’na anu leuwih jembar. Pikeun Wahyu, sajak téh tangtangan sakaligus mangrupa jalan pikeun ngajugjug ka sastra dunya.
Tulisan Wahyu Wibisana dijawab ku tulisan R. Juju Yuliaty dina Warga nomer 134, 20 Méi 1955. Dina tulisan anu judul “Panjandra Sadjak Sdr. Wahyu Wibisana” Yuliaty ngritik Wahyu Wibisana. Pikeun Juju mah sajak téh hésé kahartina jeung ngan ukur diperhatikeun ku sawatara jelema baé. Ti batan merhatikeun sajak saperti kitu, ceuk Juju mah, leuwih hadé balik deui kana kabeungharan sastra Sunda asli nyaéta dangding. Upama Wahyu ngajak para sastrawan indit ka luar, Juju mah malah ngajak deui mulang ka jero.
Saterusna, tulisan Wahyu Wibisana jeung Juju Yuliaty téh selang sekar dimuat dina majalah Warga. Boh Wahyu boh Juju nyekel pageuh arguméntasina séwang-séwangan. Wahyu ngabéla éksisténsi sajak, Juju ngabéla dangding. Ieu polémik ti dua pangarang téh ngalantarankeun nu séjén milu narulis. Atuh polémik téh henteu ukur aya dina majalah Warga, tapi lumangsung ogé di média basa Sunda lianna, saperti Sipatahoenan. Sabagian ngabéla Wahyu, sabagian deui ngabéla Juju, tapi aya ogé nu sineger tengah.
Aya sababaraha ngaran anu milu ilubiung dina padungdengan ngeunaan sajak Sunda, boh nu sacara langsung patali jeung polémik boh nu henteu, di antarana nyaéta B.A.S, Djunaédi A., E.Permana, E. Tarmidi, K.T.S., Ki Sunda, Kusnadi Ps., Werdaja, Mh. Enoch, Much. Hamid. Pa Étjép, R. Atmamihardja, R. Juju Yuliaty, R.A. Affandi, R.E. Soelaéman, Rukasah S.W., Surachman Radéa M., Sutisna, Suwondo, Wahyu Wibisana, jeung Z. Abudin Alamsjah.
Patali jeung éta polémik AR (1966 b: 58) nétélakeun yén dina éta polémik nu kajadian téh mangrupa béntrokan antara chauvinisme sempit mangrupa mumuja kana titinggal karuhun sacara kaleuleuwihi jeung tanpa pengertian, jeung sumanget anu ngagedur jeung kapercayaan kana kamampuh sorangan nu kacida gedéna.
Tina ieu pedaran bisa dicindekkeun yén pasualan substansi nu disanghareupan ku masarakat Sunda dina dékadeu 1950-an jeung 1960-an téh nyaéta tigejrétna masarakat Sunda dina widang politik, ékonomi, jeung kabudayaan. Husus dina widang sastra, sastrawan Sunda nyanghareupan masalah intérn jeung ékstérn. Sacara intérn: maranéhna nyanghareupan tangtangan ti para pangarang saméméhna nu nganggap yén cara maranéhna nulis loba ingkar tina basa Sunda, lantaran loba dipangaruhan ku basa Indonésia. Sacara ékstérn: sacara nasional maranéhna nyanghareupan tudingan “Provinsialisme” jeung tarung pulitik nu taya kendatna ngabalukarkeun ruksakna ékonomi, sedengkeun sacara internasional maranéhna nyanghareupan pangaruh kabudayaan asing anu beuki meuweuh.
Posisi Tékstual Kritik Sastra Sunda Ajip Rosidi
Tina padungdengan anu lumangsung dina taun 1950-an jeung 1960-an sarta susunan périodisasi sastra AR kaimpleng ayana tilu kabudayaan anu hirup dina ranah publik média massa Sunda. Kahiji nyaéta kabudayaan nu ngaréprésentasikeun kabudayaan féodal. Ieu téh mangrupa kabudayaan Sunda nu loba dipangaruhan ku kabudayaan Mataram nu éksiténsina dikukuhkeun ku sistim kolonialismeu Walanda. Dangding jeung wawacan umumna mangrupa pilihan éksprési sastrana. Dina ranah publik média massa dékadeu 1950-an jeung 1960-an kabudayaan féodal masih kénéh nyangking kalungguhan anu dominan.
Lian ti kabudayaan dominan, dina ranah publik média massa Sunda ogé masih kénéh aya kabudayaan résidual. Ieu kabudayaan téh lamat-lamat hadir dina média massa Sunda. Tapi, ku dimuatna deui puisi jangjawokan, pantun, kakawihan barudak, jeung dongéng-dongéng, ieu kabudayaan téh dicoba diwanohkeun deui ka ranah publik. Ieu kabudayaan téh dijiwaan ku kabudayaan Sunda buhun anu masih kénéh némbongkeun pangaruh tina kabudayaan pra-Islam jeung pra-Mataram.
Nu bisa disebut kabudayaan anu nguniang hudang nyaéta kabudayaan Sunda modérn. Ieu kabudayaan téh mangrupa pangaruh tina kabudayaan Barat.
Dina formasi kabudayaan saperti kitu kritik sastra Sunda AR katangén aya dina posisi salaku pangdeudeul kabudayaan modérn. Sok sanajan prosés modérnisasi sastra Sunda geus dimimitian dina pertengahan abad ka-19 M nyaéta ku gelarna Wawacan Panji Wulung karya R. Muhammad Musa nu terus ditéma ku medalna roman munggaran dina basa Sunda Baruang ka nu Ngarora ku Balé Pustaka, tapi konsép modérn anu écés minangka titincakan dina nyiaptakeun karya mah kakara ditétélakeun ku AR. Ku éta konsép AR nyerang, ngritik, jeung méré timbangan kana pandangan jeung karya-karya nu dihasilkeun ku pangarang nu jadi bagian tina kabudayaan dominan, résidual, jeung kabudayaan nu nguniang hudang. AR nganggap yén konsép modérn anu diasongkeunana henteu idéntik jeung Barat. Ku lantaran kitu, bisa jadi kabudayaan Barat sorangan bisa pabéntar jeung modérnismeu.
…. hakékat modérnismeu mah lain dina Baratna. Da lamun dina hayang modéren téh urang ngan nepi kana niron-niron ti Barat wungkul waah lapur, salilana gé ngan bakal jadi munding tukang tuturuti, atuh beuki jauh baé tina hakékat modérnismeu anu ngakar dina jiwa manusa-sadar. Dalah para palopor kasenian Barat gé, loba nu dina néangan kakuatan jeung ukuran sarta ajén-ajén anyar téh jigna kana kasenian Timur (anu ku lantaran kurang ngarti ku urang Timur sorangan dianggap “tingaleun jaman”, “ortodoks”, jeung “kuno”).
Hakékat modérnismeu anu holna ti Barat dina kasenian mah babakuna téh oténtisitas, nyaéta nyukcruk hal-hal anu tacan aya, ulah sugema ku ngagunakeun sagala nu geus nyampak. Ulah sugema ku nu geus aya. Jadi, mun ku kalimah anu saliwatan asa pabéntar (paradoksal) mah kieu: Hakékat modérnismeu anu hol na ti Barat téh nyaéta ingkar ti manéhna, hartina, ingkar ti anu geus nyampak di Barat sorangan (Rosidi, 1989:95).
Dina cutatan di luhur katangén yén konsép modérn nu diasongkeun ku AR sipatna hakiki. Hal ieu bisa dibandingkeun jeung konsép modérn nu diasongkeun ku Octavio Paz, panyajak Méksiko nu kungsi meunang hadiah Nobel. Pikeun inyana mah modérnitas téh bisa aya di mana baé tur henteu langgeng. Naon-naon nu ku urang dianggap modérn upama geus liwat waktuna mah geus teu bisa disebut modérn deui.
Ku konsép modérn saperti kitu AR bisa nangénan kamodérnan dina plastismeu dangding-dangding Haji Hasan Mustapa nu mangrupa produk budaya dominan jeung dina rajah pantun Lutung Kasarung nu mangrupa produk budaya résidual. Di sagigireun éta, AR ogé loba ngéklusi karya-karya sastra Sunda modérn nu ngan nyumponan kritéria minangka karya pop atawa picisan. Tapi AR ogé manggihan Yuhana, Caraka, jeung Moh. Sanusi anu medalkeun karya-karyana di luar Balé Pustaka.
Fungsi Sosial jeung Éféktivitas
Fungsi Sosial: Modérnisasi
Sacara éksplisit AR (1966:127) ngécéskeun ayana dua fungsi kritik sastra nyaéta (1) méré ajén kana karya si pangarang jeung (2) ngadidik tur ngaronjatkeun aprésiasi nu maraca. AR henteu ngécéskeun ayana fungsi séjén tina kritik sastra. Tapi, sacara implisit, éta dua fungsi téh bisa dibaca minangka majas pars pro toto. Hartina, bisa dibaca dina harti nu leuwih jembar, sabab aktivitas kritik sorangan sipatna kapan koléktif. Ku lantaran kitu, kritik sastra jeung kritik seni jadi bagian tina kritik sosial. Kritikus, pangarang, jeung nu maca mangrupa hiji beungkeutan nu bisa silih tukeur peran tur bisa ngawangun masarakat anu kritis. Dina kontéks masarakat Sunda, mungkin, ieu pisan nu dimaksud ku rénaisans Sunda téh, nyaéta hudangna deui jiwa rancagé ‘aktif-kréatif’ karuhun Sunda (1989:69).
Dina sawangan AR rénaisans téh henteu kawatesan ku rénaisans dina sastra, tapi ngawengku sakumna widang kahirupan manusia Sunda.
Ieu rénaisans henteu ngan wungkul dina sawatara widang, tapi di sakuliah séktor kahirupan Ki Sunda. Rénaisans kabudayaan karuhun, rénaisans cecekalan hirup-hirup Sunda buhun, rénaisans basa Sunda, rénaisans jiwa Sunda (Rosidi,1989:69).
Konsép rénaisans, tangtu baé, mangrupa mimikri tina konsép Éropah abad ka-17 M. Dina kabudayaan Éropah rénaisans hartina balik deui kana kabudayaan Yunani Kuno jeung Romawi Kuno pikeun néangan jalan kaluar tina kasumpegan kabudayaan Éropah Jaman Pertengahan nu dikawasa ku Nasrani. Nu dimaksud ku rénaisans Sunda nyaéta balik deui kana jiwa aktif-kréatif karuhun Sunda minangka jalan kaluar tina masalah substansi nu disanghareupan ku masarakat sastra Sunda nyaéta kasumpegan jeung bekuna kabudayaan Sunda nu dipangaruhan ku féodalismeu Mataram sarta dikukuhkeun ku kolonialismeu Walanda jeung Jepang. Ieu pisan nu jadi substansi, “idéologi” atawa leading principle kritik sastra Sunda AR téh.
Saenyana, nu dingaranan rénaisans Sunda téh mangrupa bagian tina prosés modérnisasi Sunda, nyaéta hiji prosés nu geus dimimitian dina pertengahan abad ka-19 M nu disebut “semangat baru” téa.
Di Baratna sorangan, saperti nu ditétélakeun ku Max Weber (dina Fauzi, 2003:11), prosés modérnisasi téh dihartikeun sarua jeung rasionalisasi, nyaéta mekar jeung sumebarna rasionalitas manusa Barat ka sakumna sisi kahirupan jeung tingkah laku sosial.
Minangka bagian tina prosés mimikri modérnisasi atawa rasionalisasi, kritik sastra AR leuwih nyindekel dina wangun kasadaran ti batan ngadorong komunitas sastra Sunda jeung manusa Sunda umumna kana manggapuliana individu (individualisasi) jeung kabébasan (liberalisasi).
Pikeun AR jiwa manusa téh unik, mandiri jeung mibanda bebeneranana séwang-séwangan. Ieu pisan anu jadi ciri hakiki manusa anu béda ti sasatoan. Dina salah sahiji tulisan anu judulna “Kritik kana Kritik” ku AR hal ieu diécéskeun.
Ari jiwa manusa téa, cenah gé einmalig, unikum, unggal-unggal manusa mangrupa anu jiwa mandiri. Nya éta pisan sababna kiwari urang wawuh jeung individual-psychology.
Da mun seug dina nangtukeun sikep kana bebeneran-bebeneran manusa sarua waé jeung nangtukeun karat emas, nangtukeun beurat gula, tanwandé Pangéran moal ngarasa parelu nurunkeun rosul mani salawé, nabi baréwu-réwu. Hiji gé meureun cukup!
Ieu “cap anu mandiri” téh ngan kapanggih aya di manusa. Disebutna individualita. Ieu individualita téh teu kacaritakeun aya dina sato. Monyét di leuweung Amazone sawanda tur sarua waé tingkahna jeung kunyuk-kunyuk leuweung Banten (Rosidi,1989:76).
Kaunikan ieu pisan nu dijadikeun dasar ku AR pikeun ngajén sastra Sunda. Ku titincakan ieu AR manggihan pantun dina Jaman Bihari, manggihan Haji Hasan Mustapa jeung Moh. Ambri dina Jaman Kamari, jeung manggihan Sayudi katut Utuy dina Jaman Kiwari. Ku titincakan ieu deuih AR ngukuhkeun oténtisitas nu sakaligus jadi wacana tanding (counter discourse) kana prosés-prosés peniruan, penyeragaman, jeung komunalismeu.
Mémang, kamandirian individu nu dijadikeun dasar ku AR dina tulisan-tulisanana, henteu lepas tina paham individualismeu nu jadi bagian tina rasionalismeu Barat. Ieu paham téh nandeskeun yén sakuduna individu atawa hak-hak individu dipertimbangkan atawa dijamin, lain digiles atawa diléléd ku nu disebut kapentingan umum (Malarangeng dina Basyaib, 2006:17).
Béda jeung kalolobaan para pangarang Sunda, AR mah asup ka dunya sastra Sunda téh ngaliwatan panto kritik. Dina kaayan sastra Sunda nu masih kénéh kuat dihégémoni ku tradisi nu féodalistis, pilihan lawang modél kieu téh henteu lumrah, tapi stratégis. Ngaliwatan kritik AR sacara langsung bisa nolak atawa ngaluyuan kana tulisan atawa kajadian anu lumangsung dina kahirupan sastra jeung kabudayaan Sunda, sok sanajan loba ogé nampa panyempad.
Dina ranah publik média massa mah karya kritik téh mangrupa salah sahiji tikét pikeun ngalaksanakeun diskusi publik. Sing saha baé ogé mibanda kamerdikaan pikeun nembrakkeun pamadeganana. Sok sanajan kitu, kamerdikaan téh aya watesna. Ceuk AR, “Kamerdikaan urang lain hartina anarchismeu anu tan wangenan: nya diwatesanan ku kamerdikaan nu lian” (1966:71). Ieu kalimah téh saenyana mah mangrupa résonansi tina gagasan liberalismeu klasik, nu ku John Stuart Mill mah disebutna ogé a very simple principle of liberty (Mallarangeng dina Basyaib, 2006:17). Ieu prinsip téh mangrupa dadasar prosés démokratisasi nu sakaligus mangrupa wacana tanding (counter discourse) kana féodalisme. Perlu ogé dicatet yén démokrasi di dieu leuwih mangrupa kaayaan masarakat (un état de la société) tinimbang wangun pamaréntahan (une forme de gouvermement) (Tocqueville dina Aron:1).
Modérnisasi atawa rasionalisasi nu di jerona ngawengku individualisasi jeung liberalisasi digunakeun ku AR pikeun ngungkulan (émansipasi) masalah-masalah anu disanghareupan ku manusa Sunda boh intérn boh ékstérn (Indonésia jeung kabudayaan Barat sorangan).
Éféktivitas
Dumasar kana pedaran di luhur bisa dicindekkeun yén kritik sastra Sunda AR, sacara historis, raket patalina jeung pasualan substansi nu disanghareupan ku masarakat Sunda cara anu kagambar dina prosés diskursif média massa basa Sunda taun 1950-an jeung 1960-an. Éta pasualan substansi téh nyaéta ngagejrétkeun masarakat Sunda di sagala widang kahirupan. Ieu pasualan téh diungkulan ku cara ngawangun hiji cita-cita nu dingaranan rénaisans Sunda. Ku kituna, kritik sastra Sunda AR mibanda fungsi sosial substantif, nyaéta ngadorong ngawujudna rénaisans Sunda.
Pikeun ngawujudkeun hal éta, sacara simultan AR ngalaksanakeun modérnisasi atawa rasionalisasi, anu di jerona ngawengku individualisasi jeung liberalisasi nu sakaligus mangrupa hégémoni tanding (counter hegemony) kana tradisionalismeu atawa irasionalismeu, komunalismeu, jeung féodalismeu.
Sacara idéal tarékah nu dilaksanakeun ku AR téh éféktif. Tapi dina praktékna mah mideng kaganggu ku sawatara gaya basa nu digunakeun. Rasionalitas nu dijungjung lungguh dina karya kritik AR, dina sababaraha kasus kaganggu ku nada émosional gaya basa nu mindeng ditujulkeun ka pribadi. Gaya basa saperti kitu, mémang, mangrupa konsékuénsi logis tina konsép modérn ngeunaan kritik sastra nu dipuhit ku AR.
Dina konsép kritik sastra AR, karya jeung pangarang téh tunggal. Kritik sastra, ceuk AR, nyaéta wangun karangan prosa anu nalungtik hasil sastra atawa sastrawan. Lian ti éta, dina prakték kritik, rasionalitas téh horéng ngan cicing di tempat kadua (AR nyebutna kritik normatif analitik) lantaran tempat kahijina mah dicicingan ku intuisi (AR nyebutna kritik émpirik). Ku kituna, rasionalitas dina kritik sastra AR henteu leuwih ti tarékah pembenaran hal-hal nu ditangkep ku intuisi. AR nétélakeun yén kritik sastra téh sipatna subyéktif, henteu obyéktif. Ku lantaran kitu, henteu anéh upama adu rényom ngeunaan sastra di ranah publik bisa méngkol jadi serangan ka pribadi pangarangna. Balukarna, modél kritik saperti kitu bisa ngaganggu prosés démokratisasi.
Lian ti éta, ngeunaan rasionalitas anu terus disebut-sebut, saenyana lain nandeskeun, tapi malah jadi kliseu. Hartina, terus-terusan medar hiji hal téh lain nguatkeun, tapi malah ngahéngkérkeun. Kapan AR kungsi nétélakeun yén hakékat modérn téh ingkar ti dirina sorangan? Kliseu jeung malénan téh kapan musuh modérnitas.
Pamungkas, upama rénaisans Sunda idéntik jeung berdaulat-na ranah publik di média massa, kritik sastra AR bisa jadi ambivalén lantaran substansi jeung éksprésina aya kalana henteu sajalan.
CATETAN REDAKSI:
Ieu éséy “Fungsi Sosial Kritik Sastra Sunda Ajip Rosidi” karya Dr. Téddi Muhtadin, M.Hum. téh kungsi dimuat dina buku Jejak langkah Urang Sunda: 70 Tahun Ajip Rosidi, kaca 413-435 jeung dina buku Lain (Ukur) Éta: Kumpulan Éséy Sastra Sunda, wedalan Unpad Press, citakan ka-1 Januari 2020.