Serat Lalakon Bingbang*

oleh -345 views
foto: Dian Héndrayana

Haturan Salira
Nu sok manjang kapiraray

Kantenan, isinna mah éstu nataku. Engkang kumawantun ngintun ieu serat. Da puguh parantos kajudi, sageuy mun salira henteu teras nyeungseurikeun, atanapi ngageuhgeuykeun. Muhun, éstu kahartos pisan. Nanging  saparantos diémut bari dilenyepan, tinimbang hantem disidem sina ruhay mah, nu motah jero dada téh bet asa langkung saé dibedahkeun baé kana ieu serat.

Leuh, paingan méh noron tilu wengi Engkang ngimpén ngambung malati. Kembang anteng diteuteup diseuseup. Bet mangkukna, horéng gok pisan sareng salira. Emh, panyana téh moal tepang deui. Tuda gé sakitu nya kalamian, urang pada ilang raratan. Enya, bongan urang, kepengker-kapengker kantos anteng ngeukeuhan kemba. Bet padahal, rasa mah kapan sarua, nebar deudeuh mulek dina lebah teuteup. Kakuping baé, pajah salira kantos pundung duméh nganti nu teu baé surti. Ti dinya ilang ampleng-amplengan, taya pisan wartos sanaos mung sakolépatan. Deuh, salira biheung di mendi. Tuh tingali, kantun Engkang, langlayeuseun kaleleban.

Numawi, raos dina pangimpénan baé tepang deui mangkukna téh. Duka salira mah. Mung nu tangtos, bet urang kalah pada neundeun hémeng salami paadu teuteup. Sami pada-pada ngawagu. Lah, geuning bet teu bénten sareng kapungkur baé, anteng mayeng nyeungceum kakemba.

Ku hanjakal, waktos tepang mangkukna teu patos rinéh silih jugjugan rasa. Iwal temahna, kanggo Engkang mah, ngawaguna téh manjang dugi ka rorompok. Matih tumibana parna pisan. Jirim salira nu ti kapungkur langgeng janten kembang panyileukan, bet kalah teras montél kokolébatan tug dugi kabantun mondok. Teu kalis ku dibangbalérkeun, salira kalah manjang kapiraray. Sumuhun, cék nu sanés mah Engkang téh udur. Nu tangtos mah, Engkang menggah kaleleban cara kapungkur. Lah.

Da sanggem tadi gé, sanés Engkang henteu isin kumawantun ngintun ieu serat. Maksad téh hoyong kasanggakeun nyacasna ieu katresna. Nu nyéngcélak hérangna wening dumeling. Nanging ari ras kana kujur, leuh, bet asa culangung teuing, wantun neundeun rasa nu lain-lain ka salira. Da ti kapungkur gé puguh kebek ku karumaosan. Kapan sidik,

Enung mah salak ti hunyur
Engkang mah supa ti huma
Enung mah ménak pinunjul
Engkang mah somah nu hina

Panginten saur salira téh, humayua cileungcang mandé sagara. Katampi, da moal henteu katampi. Nanging mugi kauninga, ieu rasa deudeuh téh éstu medal tina sungapanana. Putih beresih. Leres, deudeuh sanés heuheureuyan, asih sanés pupulasan. Da upami salira uninga yén aya talaga canémbrang hérang di lebet manah Engkang, nya ti dinya kereteg rasa ngaronghéapna.

Sumuhun, saupami enya kereteg haté Engkang mung ukur sesembén, mugi catet, sina lapur baé kabagjaan saumur-umur. Sina pateuh pakarepan méméh lunta. Numawi, da deudeuh rék saenyana. Miasih rék sayaktosna. Nawaétu, mikacinta ti lahir tumeka ning batin.

Yaktos, ieu kereteg téh minangka bedahna rasa. Puguh karaos nyiksa, ngemu kakemba satungtung umur cara kapungkur. Kantenan, hoyong temen Engkang nembrakkeun sagala rupina sanés dina rupi serat. Tur tangtosna, bagja temen saupami salira ngawalerna ku maparin lolongkrang kanggo Engkang geusan wakca.

Pamungkas, neda hapunten, boh bilih rupining  kereteg nu bedah mangrupi serat, éstu nerag katampina. Hatur séwu nuhun. Baktos ka sadayana, ti Engkang nu tansah ngantos waleran.

Wanayasa, 25 Pébruari 2001
Baktosna, pun Engkang:

Dian Héndrayana

*Sumber:
Surat Cinta Pangarang Sunda: Galindeng Asih nu Taya Kendatna (2004), wedalan Kiblat Buku Utama
dikumpulkeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS)