Ramal

oleh -3,918 views

Naskah Monolog Déni A. Fajar
(Sastrawan & Wartawan HU Tribun Jabar)

Ngaran kuring Ramal. Ngan sakitu-kituna. Euweuh papanjangna. Kuring teu nyaho naon pangna kuring diaranan Ramal. Kuring gé moal protés pédah ngaran kuring lain Obama atawa Léonél Méssi. Kuring moal protés, sabab ceuk kuring ngaran alus moal aya mangpaatna lamun kalakuan mahiwal jeung papalingpang tina bebeneran.

Kuring ogé moal protés, pédah batur sok nyarebut gélo ka kuring. Padahal ceuk rasa, waras kuring téh. Ceuk kuring, jejeg kuring téh. Batur waé sok nyebut otak miring atawa kurang saeundan ka kuring. Padahal kuring mah ajeg, teu miring teu sing.

Padahal ceuk kuring, loba anu leuwih gélo tibatan kuring. Anu gélo mah, tuh anu sok malingan duit nagara. Nu gélo mah tuh, anu resep ngagasab harta jeung ngarebut hak rahayat. Nu gélo mah, tuh pamingpin anu norék tara ngadéngé rahayat anu ngajerit teu bisa dahar. Nu gélo mah tuh, pamingpin anu ngahaja meungpeun tina kaayaan rahayatna anu sagala kakurangan. Nu gélo mah tuh, pamingpin anu teu bisa mingpin. Nu gélo mah tuh, pamingpin anu lakuna lain turutaneun.

Teu gampang deuleu jadi pamingpin téh. Gedé deuleu tanggung jawabna jadi pamingpin mah. Ieuh, teu sagawayah deuleu jadi pamingpin mah. Teu kabéh deuleu bisa jadi pamingpin. Nu matak kuring mah sok seuri mun ningali anu ngantri pada hayang jadi pamingpin. Nu matak kuring mah sok ngabarakatak lamun aya nu teterejelan hayang jadi pamingpin. Tah lain teu waras ngaranna, lamun kabéh hayang jadi pamingpin.

Ieuh, sing sadar, ari hirup geus pada-pada boga hancengan. Moal enya kabéh jadi pamingpin. Lamun batur jadi pamingpin, atuh urang jadi anu dipingpinna. Apan salat gé, aya imam aya anu jadi ma’mumna. Jadi rahayat gé, lamun bener jeung bageur mah, apan leuwih hadé darajatna ti batan pamingpin anu kacrut.

Kusabab jadi pamingpin téh lain gawé énténg, kuring mah teu hayang jadi pamingpin. Mending kieu, hirup bébas euweuh anu ngatur, euweuh anu nyarék. Mending siga kuring, bébas teu kauger ku aturan itu-ieu.

Nu matak, lamun hayang hirup tumaninah leupas tina sagala kasusah, hayu hirup siga kuring.

Wassalam.

Sumber:

Kuda Waja: Antologi Naskah Monolog Sunda (2016)
Wedalan Unpad Press, Sumedang