Dibérok

oleh -1,467 views

Naskah Monolog Déni A. Fajar
(Sastrawan & Wartawan HU Tribun Jabar)

LAYAR MUKA. DI PANGGUNG, SI TOKOH DIUK DINA KORSI. MAKÉ OBLONG KUCEL. AYA GETIH GARING. BEUNGEUT SI TOKOH BARENGEP.

Kuduna mah kuring téh ulah aya di dieu. Teu pantes kuring aya di dieu, di pangbérokan. Kuring teu pantes dibérok. Da kuring mah ngan méla bebeneran. Hayang nanjeurkeun bebenaran. Kuring teu aya niat ngalawan pamaréntah. Kuring gé teu aya niat ngaruntagkeun pamaréntahan. Harita basa démo sosoranganan nolak gubernur anu cenah deuk silaturahmi ka pasantrén, nawaétuna hayang ngadegkeun bebeneran téa. Teu, teu aya niat ngaléngsérkeun gubernur anu keur ngawasa.

SI TOKOH JUNG NANGTUNG. LEUMPANG RUMANG-

GIEUNG. NYAMPEURKEUN KA DEUKEUT PENONTON

Kuring téh kaceluk santri cicingeun, jeung borangan deuih ceuk batur sakobong mah. Nu matak sapasantrén geunjleung, basa kuring teu gugur teu angin, sosoranganan démo nolak datangna gubernur ka pasantrén tempat kuring nyuprih élmu.

“Nanaonan manéh téh?” ceuk ajengan harita basa gubernur jeung rombonganana geus marulang deui.

“Kalakuan anjeun geus ngaruksak ngaran pasantrén jeung ngaruksak ngaran anjeun,” ceuk ajengan.

Ngeluk waé dipentog ku ajengan téh, tapi ari haté mah bacéo…. Ceuceub kuring téh ka jelema anu beungeut nyanghareup ati mungkir. Tah gubernur anu datang ka pasantrén téh, ceuk kuring, kakolomkeun ka jelema anu kawas kitu. Nu matak kuring mah teu rido manéhna datang ka pasantrén. Nu matak kuring gilig sosoranganan, démo bébéakan, nolak gubernur anu ngarempak jangji jeung sumpahna pikeun ngaraharjakeun rakyat. Buktina mah papalingpang. Gubernur téh salila lima taun kumawasa, nu karasa jeung katempo ku kuring, kalah getol ngumpulkeun harta pikeun dirina jeung kulawadetna. Ari rakyat diantep masakat. Jeung anu kuring teu panuju, gubernur téh bet resep ngawayuh. Pamajikanana aya opatna. Anu pangorana, taya lain santri anu jadi béntangna di pasantrén tempat diajar ngaji. Geulisna moal aya nu mapakan tah ka santri nu diiwat ku gubernur téh… Syahrini ogé lewat!

Timburu jeung ambek basa si béntang pasantrén diiwat ku gubernur téh. Sok sanajan kaceluk siga nu cacingeun ogé, kuring téh nyaho ka nu geulis mah. Rumasa waé kuring téh neundeun haté ka nu jadi béntang pasantrén. Da teu dosa ieuh santri miharep kabogoh nu geulis. Sok sanajan si kembang pasantrénna mah teu mikir-mikir ka kuring. Sakalieun panggih ari deuk ngaji gé, na da ngabalieur atuh. Geus kitu mah kuring téh ngusap dada… ngarumasakan manéh, itu téh lain milik kuring. Ngan banget teu ngarti ari basa manéhna léah dipihukum dijadikeun anu nomer opat ku gubernur gedebul téa. Moal kitu dipélét mah… da ceuk rarasaan asa kasép kuring jeung gubernur mah.

SI TOKOH DIUK DEUI DINA KORSI

Sapoé-dua poé sanggeus kuring démo nolak gubernur téa… teu aya kajadian naon-naon, boh ka kuring boh ka pasantrén. Ajengan jeung babaturan mah pok deui-pok deui ngingetan kuring kudu ati-ati, kudu caringcing. Anu pasti, sanggeus kajadian kuring démo nolak gubernur téa, mindeng aya jelema ngulampréng ka pasantrén. Petana siga nu ngawaskeun kaayaan pasantrén, sup mah ka masjid milu salat atawa ngaji… henteu! Bérés anu saurang, isukna geus datang deui jelema anyar pinanggih ka pasantrén.

“Kadé manéh kudu iatna, sing ati-ati… bisi waé laku manéh basa démo nolak gubernur téa aya buntutna,” kitu saur ajengan. Diingetan kitu ku ajengan téh, kuring teu sieun teu sing. Ceuk pikir, kuring moal gimir moal mundur pikeun ngabéla bebeneran. Ngan basa hiji peuting ka kobong aya nu blas-blus jeung nyerek kuring, kabur pangacian téh. Komo basa nu arasup ka kobong téh mekel péstol sagala, kuring teu walakaya. Batur kuring duaan, batur sakobong, malah ngompolan manéh sagala basa sirahna ditodong péstol téh. Ulah ngalawan manéh, ceuk nu saurang. Kuring teu némbal da biwir peurih sanggeus dipepeg ku péstol. Jeung sirah lieur sanggeus diraponan ku opatan téh.

Anu ngaraponan kuring téh, maké teregos. Kuring jeung batur sakobong teu nyaho saha-sahana, da kobong poék mongkléng. Lampu kobong dipareuman basa manéhna ngaraponan kuring téh. Panon kuring ditutupan, teuing maké naon. Leungeun diborogol. Basa kaluar ti kobong téh, hujan girimis jeung angin ngagelebug. Karasa tiris. Pasantrén simpé. Blus kuring diasupkeun kana mobil. Biur ninggalkeun pasantrén teuing ka mana. Kuring teu inget nanaon da dina mobil téh kuring dijadikeun samsak hirup.

“Keun sina karasaeun,” ceuk nu saurang, kadéngé saméméh kuring kapiuhan.

“Bongan wani-wani ngalawan pamaréntah,” ceuk baturna.

SI TOKOH NANGTUNG DEUI. LEUMPANGNA RUMANGGIEUNG.

Basa sadar tina kapiuhan. Kuring geus aya di dieu, di pangbérokan. Teuing di mana. Nu pasti kuring ayeuna dikurungan di kamar heureut. Poék teu dibéré palita. Sapoé dibéré jatah dahar sakali, éta ogé tara ditoél-toél acan ku kuring. Ceuk anu ngajaga, cenah kuring dicerek pédah geus ngahina gubernur. Kuring ditéwak jeung dikurungan pédah deuk ngalawan pamaréntah jeung deuk ngaruntagkeun pamaréntahan anu sah. Euweuh ampun pikeun anu ngalawan pamaréntah mah cenah. Hukumanana beurat. Kuring dituding subvérsif. Kuring dituduh anggota téroris anu ngalawan pamaréntah. Ku kituna kuring kudu dihukum beurat. Kuring kudu dibérok. Kuring teu ngarti, da kuring mah lain téroris. Kuring mah ngan saukur santri cicingeun, kuuleun, jeung carang takol, anu hayang ngabéla bebeneran. Tapi naha kuring dibérok?

****

Sumber:

Kuda Waja: Antologi Naskah Monolog Sunda (2016)
Wedalan Unpad Press, Sumedang