Naskah Monolog Dian Héndrayana
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI)
DI TENGAH IMAH, RADA DEUKEUT KA LAWANG KAMAR, YUYUN ANTENG BÉBÉRÉS. NGISTRIKA. PAROMANNA BANGUN NGEMU KATUGENAH. TEU JAUH TI DINYA, AYA SOFA. DINA MÉJANA AYA PAS KEMBANG.
Perkara salaki nu mindeng kacaritakeun sok babarengan jeung urut bébénéna ahir-ahir ieu, mémang geus tepi kana ceuli. Tapi kuring moal opénan. Da puguh can katénjo ku panon sorangan. Nu matak, rék anteng disabaran baé.
Ngan enya ari galagatna mah, geus nembrak pisan. Lain sakali dua kali, Kang Yana mulangna telat. Hiji mangsa mah kapan kungsi mulang tengah peuting. Kungsi ditanya, naha mulang peuting-peuting teuing? Jawabna téh, cukup ku nyebutkeun tas ti babaturanana.
“Aya kénéh kopi?” kalah malik nanya ditanya sabener-bener téh.
Enya, éta téh hartina kuring nu kudu hideng mangnyieunkeun kopi keur manéhna. Hihh, sangeuk nyaanna gé!! Matak rudet kana haté. Geus peuting kieu nanyakeun kénéh kopi? Na ari nganjang ka babaturanana teu disuguhan kopi kitu?
Teu, sugan salaki nanyakeun budak. Geus saré atawa encanna. Ogo atawa henteuna. Hih, da haré-haré baé. Réhé. Ieu mah kalah ka cetrék nyetél tivi. Tampolana sok nepi ka saré hareupeun tivi.
NGARAHUH. TULUY NGISTRIKA DEUI.
Tara. Da tara kitu-kitu teuing basa anyaran kawin mah. Tara kaleuleuwihi cara ayeuna. Malah mun indit gawé gé tara maké minyak buuk-minyak buuk acan baheula mah, mana komo maké minyak seungit.
Cék kuring gé, anyar-anyar ieu waé robah adatna téh. Éta baé, ti saprak kuring bureuyeung, ayeuna budak geus méh nincak dua bulan. Boa enya cék tatangga, majar salaki mindeng katangén iinditan jeung urut bébénéna téa.
“Lain ngaaya-aya Tétéh mah, Yun,” omong tatangga téh, “ieu mah pédah ka Yuyun baé duméh tatangga. Tuh, Téh Nining nu manggihan pisan mah basa balanja ka Pasar Baru. Majar nangénan Kang Yana keur ngabaso paduduaan di lanté genep.”
Enya, robah adat Kang Yana téh. Geus béda. Cara lebah barang paké. Kahayang mah ari tara mantuan nyeuseuh jeung ngistrika mah, atuh ganti pakéan téh ulah sapoé sakali teuing. Ieu mah, kalan-kalan sapoé aya kana dua kalina.
Lain, lain pédah kuring sangeuk ngawulaan salaki, nyingkahan kawajiban salaku pamajikan. Lain. Tapi kahayang téh salaki sing milu mikir, kapan seuseuheun téh lain nu manéhna wungkul. Tuh, popok orok jeung pernélna, tangka ngahunyud kitu. Sugan milu mangnyeuseuhkeun atawa mangistrikakeun? Henteu kapan ieu mah. Kuring kuring kénéh wéh nu ngagawéanana!
Enya, lain sangeuk atawa rudet haté cék tadi gé. Ngan baé ripuh kacida geuning! Jaba ngurus orok, jaba nyeuseuh papakéanana jeung ngistrikana, jaba masak, jaba bébérés imah. Nu kesel mah, keur pareng kuring ngistrika, hing téh budak ceurik. Ari sugan téh rék ngabébénjokeun budak, atawa sugan mantuan ngaganti nyelangan kuring ngistrika.
Hih, da henteu. Anteng baé lalajo tivi bari melenyun udud.
Beuki napsu mah, basa hiji mangsa bada Isa ka imah aya nu nelepon, awéwé.
“Sareng bumina Kang Yana?” ceuk dina telepon.
“Leres,” témbal téh. “Ieu sareng saha?”
“Dupi Kang Yanana aya?” pokna deui teu kungsi nyebutkeun ngaran.
“Teu acan mulih. Dupi ieu sareng saha?” kuring mindo.
“Oh… eu…, saurkeun baé, abdi Dési kituh. Nuhun atuh. Punten ngaganggu.” Hihh! Sebel nyaanna gé!
Panasaran, ditanyakeun ka salaki, manéhna kalah kuram-kireum bari babalieuran.
“Saha Dési téh?” kuring neugtreug.
“Réréncangan kantor,” témbalna nyalsé. “Kopi aya kénéh?” kalah kitu tuluyna téh.
Teu waka némbal. Salaki diteuteup. Kalah ka ngoloyong muru korsi. Cetrék kana tivi, “Pangdamelkeun kopi, Mah.”
Sangeuk! Sangeuk!! Sangeeuuuuk!!! Pék, piraku henteu matak rudet kana haté?!
NGARAHUH. ANTENG NGISTRIKA JEUNG NILEPAN BAJU BEUNANG NGISTRIKA.
Baku tah. Saban bada Isa, nu ngaranna Dési téh mindeng neleponna. Lain sakali dua kali deuih, mun pareng Kang Yana can mulang ti kantor, nya kuring pisan nu sok narimana téh.
Sakali mangsa mah telepon ti nu ngaranna Dési téh enya katarimana ku Kang Yana. Emh, anjeun hayang nyaho kumaha petana Kang Yana basa narima telepon ti nu ngaranna Dési téa? Enya! Bet siga nu ngahajakeun narima teleponna téh deuih. Semu haharéwosan. Bari bangun enya nu sarua pada sonona. Bangun nu sarua pada pogotna.
Terus terang, nyeri dikitu-kitu teuing mah. Di imah téh bet asa teu bina ti pembantu baé. Mangmasakkeun, mangnyeuseuhkeun, mangistrikakeun. Ana sakali mangsa éta baju meunang capé nyeuseuh jeung meunang ngésang ngistrika téh dipaké iinditan, teu kapalang deuih, bet dipaké sosonoan jeung nu ngaranna Dési. Hihh!! Nyeri, heté téh, nyeri pisan.
TELEPON NGIRINING. TELEPON DIRÉRÉT.
Tah geuning. Moal salah da. Pasti ti si Dési téa.
TELEPON NGIRINING. UKUR DIRÉRÉT DEUI
Pék kadinyah, nyaan, moal diangkat.
TELEPON NGIRINING DEUI.
Moal, nepi ka iraha gé moal diangkat. Tinimbang nyeri haté. Matak rudet!
TELEPON ANGGER NGIRINING.
Moal!
TELEPON ANTENG NGIRINING. YUYUN NGALANGEU.
Hhh! Atawa urang angkat baé kitu?! Enya. Hayang nyaho, geus ngong mah, urang tutupkeun deui! Pék siah!!
TELEPON ANTENG NGIRINING. YUYUN NGANGKAT
TELEPON. NÉMBALANANA KU SORA ANU TEUGEUG!
“Hallo?!?!”
“Damang?” (SADA SORA LALAKI DINA TELEPON – TI LUAR PANGGUNG, OUT SIDE. SORANA HALON SEMU HALIMPU)
YUYUN KERUNG. SEMU REUWASEUN.
“Damang,“ (CEUK SORA LALAKI DEUI TINA TELEPON) “Émut kénéh ka Akang?”
YUYUN HAREUGEUEUN KÉNÉH.
“Kang Héndra geuning?!” (MASIH HAREUGEUEUN, TAPI SEMU NU ATOH)
“Damang, Yun?” (CEUK SORA DINA TELEPON).
“Pangésto…. Eu…. Samulihna?” (ATOH KÉNÉH)
(SORA TINA TELEPON) “Alhamdulillah. Lami teu tepang.”
“Muhun. Eu, nuju di mana geuning?”
(SORA TINA TELEPON) “Kaleresan Akang nuju aya di Bandung.”
“Di Bandung?”
(SORA TINA TELEPON) “Upami kagungan waktos mah, Akang téh hoyong pisan tepang.”
“Eu… mangga… kantenan, mangga diantos….”
KLIK. TELEPON TAYA SORAAN DEUI. YUYUN NEUEULKEUN GAGANG TELEPON KANA HARIGUNA.
Kang Héndra. Emh, manéhna rék datang. Leuh, bet asa ngimpi baé.
GAGANG TELEPON TULUY DITEUNDEUN DEUI KANA TEMPATNA.
***
YUYUN ANTENG NEUTEUP SOFA. NGUMBAR PANINEUNGAN.
Tah, dina sofa nu éta Kang Yana téh diukna basa harita datang ka dieu téh. Ngadon paduduaan. Neuteup pas kembang. Nyeuseup seuseungit kembangna. Ah. Anteng paduduaan. Teu, nyaanna gé teu maké sangeuk atawa rudet haté basa mangnyieunkeun kopi keur Kang Héndra mah. Léah baé nu aya. Asa jaman keur parawan, basa keur hahadéan kénéh jeung manéhna. Geuning banget ngarasa suka mun kopi jieunan kuring téh diuyup ku manéhna bangun nu ni’mateun pisan.
(NIRU-NIRU OMONGAN HÉNDRA) “Hmm…, sapertos kapungkur baé. Kopina raos pisan,” cék manéhna téh, “Tuang raka bangun nu teu acan mulih?”
“Sumuhun. Lami Akang di Bandung?”
“Numawi, énjing subuh gé kedah wangsul deui ka Jakarta,” pokna. “Ngahaja nepangan heula ka dieu. Maksad téh badé amitan.”
Amitan? Kutan?!
“Ti Jakarta Akang kedah teras mios ka Jepang. Lami rupina di ditu.”
Emh, Gusti. (NGAGERENDENG) Lami cenah. Beu!
Kuring neuteup ka manéhna. Kitu deuih manéhna gé. Ah! Enya, bet asa keur jaman parawan baé, jaman keur hahadéan kénéh jeung manéhna. Kitu baheula gé. Sok silih teuteup, sok silih jugjugan haté, sok silih.… emh, enya. Tah dina sofa nu éta!
Nepi ka sémah pamitan téh, kuring mah teu loba cacarita.
(NIRU-NIRU DEUI OMONGAN HÉNDRA) “Neda pidu’ana, Yun. Mugi Akang betah di ditu,” cenahna, “insya Alloh, upami Akang tos dugi di Jepang, Akang tangtos hoyong sering tétéleponan.”
Mangga. Didu’akeun. Mugi Akang tinekanan.
Méméh mulang, nyéh manéhna imut, (NIRU-NIRU DEUI OMONGAN HÉNDRA). “Aéh muhun, katampi sagala rupina. Kopina raos pisan, sapertos nu kapungkur baé.”
YUYUN NEUTEUP DEUI KANA SOFA. NYÉH IMUT. BANGUN NU JARARAUH PANINEUNGAN.
Hmmm, raos pisan cenah. Sapertos kapungkur baé.
***
YUYUN MASIH KÉNÉH NGALAMUN.
Enya. Geus dua poé Kang Héndra aya di Jepang. Na kumaha béjana?
TELEPON NGIRINING. YUYUN GANCANG NEUTEUP KANA TELEPON.
Tah geuning! Pasti ti Kang Héndra!
TELEPON NGIRINING DEUI. YUYUN NGANGKAT GAGANG TELEPON. NÉMBALANANA KU SORA ANU DIHALON-HALON.
YUYUN: “Haaa-llooo…”
“Dupi Kang Yana-na aya?” (CEUK SORA AWÉWÉ DINA TELEPON. SORANA MANI DENGÉR. GEPRUK BAÉ GAGANG TELEPON TÉH DIPASANGKEUN DEUI KANA TEMPATNA TARIK NAKER)
Geuleuh! Sebel da ih lamun geus kieu téh! Sangeuk! Sangeuuk!! Sangeuuukkk!!!!
Tah nu kieu yeuh, nu sok matak jadi rudet kana haté téh!!
YUYUN KURAWEUD HASEUM. BANGKENU.
Geuleuh! Sebel nyaanna gé!!
Sumber:
Kuda Waja: Antologi Naskah Monolog Sunda (2016) dikumpulkeun ku Pamass Unpad
Wedalan Unpad Press, Sumedang