Mun Téa Mah

oleh -523 views
Foto: Dédé Syafrudin

Sajak Dédé Syafrudin
(Sastrawan, Rédaksi Majalah Manglé, & Rédaksi Kalawarta TVRI Jawa Barat)

mun téa mah kuring peuting
tangtu salawasna mikasono purnama
ah
saéstuna anjeun téh bulan
asa deukeut
tapi tetep teu kahontal

Rawayan Bandung, Juli ‘99

Sumber:
Sajak Sunda (2007) dipilih tur dipanganteuran ku Ajip Rosidi
Wedalan Kiblat Buku Utama, Bandung