Hariring

oleh -306 views
Foto: Dédé Syafrudin

Sajak Dédé Syafrudin
(Sastrawan, Rédaksi Majalah Manglé, & Rédaksi Kalawarta TVRI Jawa Barat)

keur: U

I

Waktu sirung anyar melentung
harepan mah miheulaan ligar
fantasi lir budak jarambah:

Urang ngumpul-ngumpul catang awi sarta hijikeun jadi rakit,
urang ngumpul-ngumpul bola sarta tinun jadi layar
Ah, urang lalayaran na situ nu linduh handapeun marahmay
na bulan. Ngahariring bari mipit béntang terus piguraan
ku rébuan rumpaka.

II

Nunggu sirung
mapalérkeun waktu
ku hariring
haté teu eureun kuméjot

Jatinangor, Méi ‘94

Sumber:

Sajak Sunda (2007) dipilih tur dipanganteuran ku Ajip Rosidi
Wedalan Kiblat Buku Utama, Bandung