Fragmén Éntog Mulang

oleh -460 views
Poto: Ilustrasi

RAS ka hiji wanoja. Moal dibéja-béja saha-sahana. Manéhna nu kungsi adek jeung lelembutan. Najan teu kungsi balaka, tapi kuring yakin, manehna surti. Lamun euweuh kajadian harita, jigana mah geus kudu jadi bébéne kuring.

Gara-gara éntog ngaliwat sagalana jadi paburantak. Geus gilig harita rék nyarita. Ngan kateug. Bolay. Sapédah kuring nabrak éntog palebah péngkolan Gunungtujuh. Ah, dasar keur sué.

Mun seug téa mah aya mesin waktu. Rék balik deui ka mangsa harita. Copélna, sarintakan méméh nepi ka pengkolan Gunungtujuh. Rék lantip. Lalaunan. Lamun perlu, sapédah téh rék ditungtun palebah dinya mah. Sugan moal neunggar éntog si bangkar téa. Boa ayeuna téh kuring keur ngahénén gigireun manéhna. Widadari kuring nu keur tibra.