Sajak Awang-awang

oleh -308 views
Foto: Zéni Nugroho

Sajak Zéni Nugroho*
(Panyajak & Desainer Batik)

Kanyaah anjeun aya na kanyaah kuring
katresna anjeun aya na katresna kuring
welas asih anjeun aya na welas asih kuring
kadeudeuh anjeun aya na kadeudeuh kuring
pangampura anjeun aya na pangampura kuring
ngaran anjeun aya na ngaran kuring
kuring talaga anjeun simpéna.

Rawayan, 2015

*Kungsi dimuat dina Majalah Manglé No. 2559 édisi 7-14 Januari 2016