Tembang Mumunggang

oleh -300 views

Sajak Zulaikha Sasmita
Panyajak & Guru

Yuuun ayuuun ambiiing….yuuun ayuuun ambiiing
Galindeng asih maréndé peuting
Naha geuningan hidep bet rungsing
Yap….urang ngahariring “Éling-éling Mangka Éling”

Yuuun ayuuun ambiiing….diayun-ayun ku samping
Ulah marudah samar kahayang
Hirup kudu loba syukur
Baeu….mangka regepkeun peupeujeuh indung

Alam dunya geus rémpo ku kakolotan
Mangka hidep  kudu caringcing,
Masing panceg ulah galideur
Tanggoh tatag bawaning atikan Bapa

Geura sungsi acining diri
Lantip malibir nyurahan wanci
Geura téang tingkesan cacandran mangsa
Mungguh hirup kawatesanan uga