Sisiphus

oleh -470 views

Sajak Déni A. Fajar
(Panyajak & Wartawan HU Tribun Jabar)

: haturan Bob Dylan

pananya anjeun ngagalindeng
dina saban léngkah jeung hariring
nu pinuh ku hariwang jeung kamelang
saha ari urang?

di jalan nu ngembat ka kuburan
pananya anjeun dijawab ku angin: simpé!

Sumber:

Lagu Padungdung: Antologi Puisi Déni A. Fajar (2012)
Wedalan Syabas Books, Bandung