Sampiung Ngapung ka Manggung

oleh -480 views

Sajak Dédih Supriadi
Panyajak

Belesat!
Kolébat!
Ngapak méga ngawang-ngawang
Seja ngambah jomantara
Ti luhur tungkul
Ti handap tanggah
Séot!
Suruwuk!
Teup! Eunteup dina angen-angen
Poék bagéan déwék, caang bagéan urang
Gebrus ka leuwi sipatahunan
Tutup lawang sigotaka

10 Novémber 1995