Réquim

oleh -255 views
Foto: fotografjonasclasson/phinemo.com

Sajak Déni A. Fajar
(Panyajak & Wartawan HU Tribun Jabar)

geus laas kecap-kecap pikeun ngawangun anjeun,
langit soré digurat saabringan manuk nu nyieun siluét
peuting. dahan-dahan haté ngarandakah dahan-dahan simpé
teuing ku telenges ari waktu, ninggalkeun kalangkang
beurang. aya anu ngajerit leungiteun cahaya matapoé.
girimis ngamimitian hujan di pajaratan. hiji catetan
keur urang: panineungan horéng kuburan!

Sumber:
Lagu Padungdung: Antologi Puisi Déni A. Fajar (2012)
Wedalan Syabas Books, Bandung