Peuting Alun-alun

oleh -186 views

Sajak Dian Héndrayana
Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Basa Sunda FPBS UPI

peuting alun-alun. raga teu reureuh
natanyakeun sukma nu ngejat sabot
haréwos asih ngagalaksak ngiberan
rupa impénan; sina anteng nyangsaya
handapeun akasia atawa dina lahunan
wawangi parfum nu mulas kekecapan héman
tina lambé nu uruy katumbirian

ah. peuting alun-alun. impénan sarwa
ermas. bet itu menekin simpé jeung
lampu disko teu weléh dungdeng
nyamagahaan pangacian

Sumber:

Manglayang: Sajak-sajak Sunda (1997)
Wedalan Rawayan, Bandung