Nu Jaradi Korban

oleh -3,710 views
Dok. Bambang/Tepass Unpad midangkeun naskah drama "Nu Jaradi Korban" karya R. Hidayat Suryalaga dina acara PDBS alpukah Teater Sunda Kiwari taun 1994, di GK. Rumentang Siang, Bandung. Sutradara Teddi Muhtadin.

Naskah drama karya R. Hidayat Suryalaga*
(Budayawan)

 

NU MAÉN

Bapa      : 55 taun, anggota organisasi nu dilarang. Dibuang ka Nusakambangan.
Ema       : 53 taun, ngajubleg, salilana diuk dina korsi roda.
Ujang    : 30 taun, cikal, bujangan, tukang béngkél, kasar.
Euis       : 27 taun, pagawé bar, awéwé bangor.
Nyai      : 20 taun, lolong.
Ucu        : 17 taun, bungsuna, tukang dagang koran.
Ji’ung    : 40 taun, germo.

ADEGAN KAHIJI

(DI TENGAH IMAH NU KACIDA BASAJANNA. MÉJA JEUNG KORSI HEUBEUL, EUNTEUNG NGAGANTUNG. GIGIREUNANA AYA POTRÉT KULAWARGA JEUNG POTRÉT HIJI LALAKI (BAPA) DINA BILIK, JEUNG KALÉNDER TAUN 1969).

(ASUP NYAI NGADORONG INDUNGNA DINA KORSI RODA. NGAJUBLEG, LUMPUH, KALAN-KALAN BATUK, BATUK NAHUN, PANONNA MURELENG SAPERTI NU BALUAS. KORSI TÉA DIPERNAHKEUN DI HIJI TEMPAT).

NYAI             : Antosan heula nya Ema, nya; Nyai ngabantun heula sangu sareng landong. Kapan Ema can tuang. Sareng teu acan diséka nya, tuh mani cepel kieu ku késang.

(NYAI NINGGALKEUN INDUNGNA RADA LILA. AYA GUNEMAN DI LAWANG HAREUP. MIMITINA TEU KATÉMBONG JELEMANA, ANTARA EUIS JEUNG JI’UNG. KACIRI EUIS KAKARA RÉNGSÉ MANDI TI SUMUR UMUM. DITUTURKEUN KU HIJI LALAKI)

JI’UNG           : Euis, ceuk Si Tanteu, engké peuting aya sémah nu geus dijangjian téa. Kadé cenah pesenan téh kudu geus aya.

EUIS               : Kapan geus diidinan rék peré saminggu. Can sapoé-poé acan geus disusulan. Jeung can manggih hayamna ogé Mang Ji’ung? Kumaha nya?

JI’UNG           : Éta mah urusan Euis. Pokona engké peuting kudu geus aya. Kadé ulah siga basa éta deui, ngabobodo ka sémah. Buhaya téa geus apaleun mana nu weuteuh mana nu urut.

EUIS               : Nyaéta can manggih kénéh. Geus tilu poé ngulincer can hasil kénéh.

JI’UNG           : Negérna atuh di tempat nu stratégis. Di diskotik kék, di bioskop kék, di mana baé atuh, da loba kapan tempat mangkal téh.

EUIS               : Mani dianggap lauk Si Amang mah, teungteuingeun teuing atuh Mang! Mang! Mang!

JI’UNG           : Di pabrik atuh. Néangan nu kajiret hutang!

EUIS               : Watir atuh Mang Ji’ung, karunya Euis mah. Pangna digawé di pabrik ogé maranéhanana téh tangtu hayang digawé nu halal. Karunya! Asa dosa Euis mah ari kudu ngagebruskeun batur mah. Asa euweuh kamanusaan.

JI’UNG           : Hah, susucianan! Sakeudeung deui ogé leungit tah kecap karunya, watir, halal, dosa. Jeung naon bieu téh kamanusaan? Urang gé manusa kapan, perlu dahar perlu hirup. Ayeuna mah kamanusaan ceuk urang baé lah. Pokona engké soré kudu geus jogrog. Rupa teu penting asal weuteuh, kitu ceuk Si Tanteu téh. Hayu Amang rék balik. Ieu tarima duit panjerna. Ku Amang geus dicokot bagian Amang mah. Kadé poho, upama engké peuting teu mawa weuteuh, kabéh hutang Euis kudu dibayar poé isuk, jeung duit nu ayeuna ogé kudu dipulangkeun deui. Kitu ceuk Si Tanteu téh.

(JI’UNG KALUAR, BARI SAMÉMÉHNA NYAWÉL HEULA EUIS. BASA NGALIWAT LEBAH INDUNGNA, DITEUTEUP SAKEUDEUNG. LÉOS INDIT. EUIS NGITUNG DEUI DUIT NU KATARIMA TI JI’UNG, SUP DI-KANA-TASKEUN NU TADI AYA DINA LUHUR MÉJA HIASNA. TINA TASNA TÉA DIKALUARKEUN ALAT-ALAT NGAGEULIS, PUPUR, LIPSTIK, PATLOT HALIS, EYE SHADOW, JEUNG PARFUM MURAH. GESRUT NYISIRAN. MEUSMEUS NGACA. KALAN-KALAN NYURENG BARI NYENGIR, MENCÉT JARAWAT DINA PIPINA. NGARÉRÉT KANA KALÉNDER, DIPELONG SAWATARA JONGJONGAN BANGUN NGINGET-NGINGET HIJI HAL, TERUS TANGGAL 30 SÉPTÉMBER 1969 TÉH DIBULEUDAN KU PATLOT HALIS)

(EUIS NYAMPEURKEUN INDUNGNA, DITEUTEUP DEUDEUH. DIAJAK NGOBROL BANGUN SONO. MALAH AHIRNA MAH EUIS MAKÉ JEUNG CEURIK SAGALA, NGISTORIKEUN NASIBNA).

EUIS               : Ema ieu Euis Ema. Hapunten, Euis geus sasasih teu ngalongok Ema. Kunaon hirup Euis jadi kieu, Ema? Kadangu Ema, kadangu? Euis téh ngajual diri keur kaperluan hirup urang sadayana. Euis terang ieu téh salah, tapi kumaha atuh da kieu kaayaanana Ema.

Ema, Kang Dudung megatkeun hubungan sareng Euis. Émut Ema ka Kang Dudung? Kapan kantos nanyaan basa Bapa keur aya kénéh Ma. Dipegatkeun hubungan téh Ema, pédah Euis anak Bapa!

Kadangu Ema? Sasauran atuh Ema, ka saha deui Euis ngistorikeun kapeurih hirup.

Euis terang, Ema ogé pangna teu damang téh ku katunggaraan manah nya Ma? Naha Ema bet éléh ku cocobi? Kapan saur Ema ogé ka Euis baheula, pajar ari hirup téh perang antara nu kuat sareng nu lemah. Euis mah hayang jadi nu meunang, nu unggul, nu kuat Ema; sanaos tétéla kacida beuratna. Ema… Ema… Euis téh hayang jadi nu unggul, upami ceuk dokter, Euis téh katerap panyakit sipilis! Ema sasauran atuh Ema!

(EUIS NOROWÉCO NGEDALKEUN RASA HATÉNA. CIPANONNA JUUH. PANON INDUNGNA OGÉ BASEUH. KU EUIS DISUSUTAN KU SAPUTANGAN)

(TOROJOL NYAI MAWA RANTANG DIEUSI CAI JEUNG PANGELAP. RANTANG KU EUIS DICOKOT TERUS ELAPNA DIBASEUHAN. INDUNGNA DISÉKA BANGUN NYAAH NAKER. GEUS BÉRÉS EUIS GÉK DEUI DINA KORSI BUTUT NERUSKEUN DANGDANNA. EUIS NANYA KA NYAI).

EUIS               : Ema geus dipaparin tuang, Nyai?

NYAI             : Parantos tadi mah, tapi mung kersaeun tilu huap. Kitu ogé kedah diolo. Ayeuna badé dihuapan deui kedah nuang landong kapan.

EUIS               : Batukna bandel pisan nya Nyi. Panasna rerep nya?

NYAI             : Tos rerep Ceu ayeuna mah. Kamari mah masih kénéh nyongkab Ceu. Badé angkat deui Ceuceu téh? Cenah badé saminggu di dieu téh? Hawatos atuh ka Ema.

EUIS               : Tadina mah moal Ceuceu ogé, moal waka digawé deui hayang reureuh. Tapi bieu basa di cai panggih jeung Mang Ji’ung, Ceuceu kudu buru-buru ka hotél deui. Loba tamu cenah.

NYAI             : Kapan can pendak jeung A Ujang? Nambut sisir Ceu, kanggo mérésan rambut Ema.

(SISIR DIBIKEUN KU EUIS. NYAI NYISIRAN RAMBUT INDUNGNA). Tadi Ua Kinoh ka dieu Ceu, nagih artos séwaan bumi. Butuh saurna téh, keur lalandong Aki Junéd ka rumah sakit.

EUIS               : Kumaha témbal Nyai?

NYAI             : Ku A Ujang ditémbalanana Ceu.

EUIS               : Kumaha ceuk Si Aa téh?

NYAI             : Kalah ngambek ka Ua Kinoh. Geus aya duitna mah dibayar cenah, teu kudu ditatagih, kitu ceuk A Ujang téh.

EUIS               : Kumaha Ua Kinohna?

NYAI             : Teu kukumaha. Malah kalah mangnémpélkeun koyo kana taar Ema. “Bisi rieut,” cenah.

EUIS               : Bageur Ua Kinoh mah, keun engké ku Ceuceu dibayar. (EUIS NGANGGEUSKEUN NGAGEULISNA. SAJONGJONGAN NEUTEUP NYAI, NELEK-NELEK. TEU LILA NGUSAP BEUNGEUT) Astatagfirullah hal adzim audzubillah min dalik. Henteu… henteu… moal… moal… adi aing Nyai mah…. Moal Ji’ung… moal…. Audzubillah min dalik.

NYAI             : Kunaon Ceu? Nganggo tau’ud sagala rupi.

EUIS               : Ah teu ku nanaon, ta’ud baé. Ménta ditangtayungan ka Gusti Allah. Nyai, ka dieu heula geura, keun waé Ema mah di dinya.

(NYAI NGATOG MURU KA LANCEUKNA. SUKUNA TITAJONG KANA TAS NU NGAGOLÉR DI HANDAP, MÉH LABUH).

EUIS               : Kadé labuh. Salah Ceuceu neundeun tas di dinya. (NYAI DIDIUKKEUN DINA KORSI. KU EUIS DITENGETAN BEUNGEUTNA BANGUN DEUDEUH NAKER). Geulis adi Ceuceu téh geuning. Ka dieu urang wedakan geura. Tuh mani gamuleng kieu. Dilipensetipan geura. Kieukeun tah kieu geura. Tuh mani ngabaranyay. Tah lebah dieu pipina dibeureuman, ambéh rada seger. Geulis Nyai téh geuning. Geura sok ngeunteung.

NYAI             : Ah Si Ceuceu mah, maké ngeunteung sagala.

EUIS               : Aéh enya nya, poho, hampura nya Ceuceu.

NYAI             : Na enya Nyai geulis, Ceu?

EUIS               : Nyaan, geulis Nyai jeung Ceuceu ogé. Kitu ceuk Ema gé baheula. Nya Ma? (NGALIEUK KAINDUNGNA NU NGAJUBLEG. INDUNGNA OGÉ DIWEDAKAN KU EUIS BANGUN DEUDEUH NAKER. KADANG-KADANG INDUNGNA GIGIDEUG).

NYAI             : Piraku nu lolong, geulis Ceu?

EUIS               : (NGAJENGHOK) Eu… eu…. Nu mawa kana kageulisan mah haté, haté Nyai téh kacida geulisna. Ceuk Bapa gé baheula basa aya kénéh, Nyai mah bakal panggeulisna sadunya, sanajan teu ningal ogé.

NYAI             : Bapa…. Bapa…. (SORANA LAUN. LEUNGEUNNA RUMPU-RAMPA KANA BILIK RÉK NYOKOT POTRÉT BAPANA).

EUIS               : Keun baé antep di dinya Nyai, ulah dicokot, bisi ragrag.

NYAI             : Lami kénéh kitu Bapa téh bébasna Ceu?

EUIS               : Teuing atuh. Da euweuh béjana. Teuing dika-Buru-keun teuing dika-Nusakambangan-keun. Ceuceu gé rék besuk teu nyaho kudu ka mana. Ari Ucu ka mana, asa teu panggih poé ieu mah.

NYAI             : Énjing-énjing pisan miosna téh, badé dagang koran.

EUIS               : Ari sakolana kumaha cenah?

NYAI             : Sok ngambek ari ditanya téh. Sareng ayeuna mah….

EUIS               : Kunaon?

NYAI             : Wangsulna sok mabok, bau arak.

EUIS               : Mabok? (EUIS NYEKEL PEUPEUTEUYAN NYAI)

NYAI             : Asa janten begang Ceuceu téh ayeuna mah? Teu damang?

EUIS               : Henteu, teu gering, jamak baé begang mah, capé kapan. Ari Nyai hayang dipangmeulikeun naon engké ku Ceuceu?

NYAI             : Ah, naon atuh nya. Hoyong minyak seungit Ceu, nu leleb angseuna, nu seungit malati, nya Ceu, nya!

EUIS               : Enya, sakalian jeung saputanganana nya!

(TOROJOL UJANG BALIK TAS GAWÉ DI BÉNGKÉL. LEUNGEUNNA MASIH LAMOKOT KU OLI. NYENYEKEL KONCI INGGRISNA. PASEMONNA CAPÉ JEUNG RADA KAREUHEUL. GAP KANA KORAN URUT, GESRUT LEUNGEUN NU PINUH KU OLI TEH DIELAP. NYAMPEURKEUN INDUNGNA. SANGGEUS NGARÉRÉT KA EUIS. LEUNGEUN INDUNGNA CELENGOK DICIUM. BEUNGEUT INDUNGNA DITELEK-TELEK SAKEUDEUNG TERUS NGARÉRÉT DEUI KA EUIS BARI MERHATIKEUN PISAN).

UJANG          : Karék jol atawa rék indit?

EUIS               : Tadi siang dongkap mah.

UJANG          : Na teu bisa rada lila di dieu? Teu hayang ngawulaan Ema?

EUIS               : Tadina mah badé saminggu di dieu téh, tapi tadi disusulan ku Mang Ji’ung.

UJANG          : Tangtu baé disusulan da loba nu butuheun, keur maréma lin?

EUIS               : A…. A Ujang…. Euis téh tuda….

UJANG          : Geus tong ngomong. Tangtu jawabna téh…. Tuda urang mah miskin. Tuda Ema perlu diubaran. Tambahan geura tuda-na; Tuda Bapa urang mah…dibui, dipanjara!

EUIS               : A Ujang. Enggeus atuh. Naha bet mamawa Bapa sagala rupa. Hadé goréng ogé Bapa urang éta téh!

UJANG          : Bapa? Bapa naon? Nu ngantep kulawargana paburantak. Hanjakal boga Bapa kawas kitu patut!

NYAI             : A Ujang! Pamali! Dosa ka Bapa kitu téh!

UJANG          : Tong milu ngomong! Nyaho naon manéh mah Nyai. Anggur nyokot cai, hayang nginum!

(NYAI LÉOS KA DAPUR. EUIS MÉRÉSKEUN BABAWAANANA KANA PLASTIK. UJANG DIUK BARI MERESIHAN OLI TINA SELA-SELA RAMONA).

UJANG          : Ua Kénoh geus nagih séwa imah. Mawa duit henteu, ayeuna?

EUIS               : Aya… ieu. Sakalian keur iuran sakola Si Ucu. A, cenah Si Ucu ayeuna mah sok mabok?

UJANG          : Lain Si Ucu baé nu mabok téh, deuleu. Ema mabok, Si Nyai mabok, manéh gé Is mabok. Aa ogé mabok, mabok ku kaceuceub. Nyaho henteu Aa kacida ceuceubna ka Bapa, ka masarakat, kana takdir, ka….

EUIS               : Geus, A. Karunya ka Ema, da ngadangueun, sanajan henteu sasauran ogé. Geus, A. Aya Si Nyai.

(NYAI DATANG MAWA CAI DINA CANGKIR. SOK DINA MÉJA, REGOT DIINUM KU UJANG)

(KAREUNGEU DI LUAR AYA NU DÉHÉM SABABARAHA KALI. INDUNGNA RADA NGARENJAG)

NU DATANG            : Ma…. Ma…. Ema…. Aya…?

(BAPA)          (NYAI NGARANDEG, KITU DEUI EUIS JEUNG UJANG)

Ema…. Ema…. Ieu Bapa…. Ma…!

NYAI             : (NGAJERIT) Bapa… Ema… Bapa… Ceu Euis… Bapa…! Bapa…! Bapa…!

(NYAI MEROD MURU KA LAWANG. DIJÉWANG KU UJANG. KITU DEUI EUIS NU RÉK LUMPAT KA LAWANG HAREUP, DIJÉWANG LEUNGEUNNA. BLUG LABUH).

UJANG          : Kabéh cicing. Cicing ceuk urang, cicing.

(UJANG NGAHONTAL KONCI INGGRIS, KÉK DICEKEL TIPEPEREKET).

BAPA             : Ma…. Ema…. Bapa balik Ma….

(BAPA ASUP, AWAKNA RANGKEBONG, CALUDIH. DIKONGKOYANG SARUNG, DIKEREPUS BELÉL. MELONG SAKEUDEUNG KA NU AYA DI JERO IMAH. TEU KAAMPEUH RÉK NYURUNTUL KA PAMAJIKANANA NU DIUK DINA KORSI. KABURU DIJÉWANG KU UJANG NU NGAJEGA BARI NGAMANGKEUN KONCI INGGRIS. EUIS NGAJERIT. BEP RÉPÉH DA RÉK DITAKOL KU UJANG)

UJANG          : Saléngkah deui maju, bejad sirah di dinya!

BAPA             : Ujang, ieu téh? Ujang, anaking ieu Bapa, Ujang!

UJANG          : Bapa aing geus paéh. Geus diruang!

BAPA             : Rumasa Bapa dosa, Ujang. Rumasa! Bapa ménta hampura ka saréréa.

UJANG          : Gampang nyebut dosa mah jeung ménta hampura mah. Tapi naha bisa dihadéan deui? Bisa hah? Tempo ku manéh: Nu jadi indung ngajubleg, pireu, jeung lumpuh. Si Euis jadi ungkluk. Parawan jomblo da euweuh nu daékeun ngawin, sabab Bapana dipanjara. Si Nyai lolong ngatog. Si Ucu jadi tukang mabok. Jeung aing… aing anak nu panggedéna, kudu nanggung kabéh kasalahan manéh. Naon dosa aing?

EUIS               : A Ujang. Bapa urang éta téh A, ulah kitu-kitu teuing!

UJANG          : Yeuh ari nu disebut Bapa, kudu aya tanggung jawabna. Lain mawa kulawargana ka kacilakaan lahir batin.

BAPA             : Ujang, Bapa rumasa salah. Euis… ka dieu heula Euis. Bapa… ieu téh Bapa, Is.

EUIS               : (EUIS RÉK NGARONTOK BAPANA, TAPI DIKENYANG KU UJANG)

UJANG          : Yeuh ku anjeun ténjo. Ténjo! Ieu kabéh korban kaégoisan anjeun. Coba lamun harita anjeun henteu sok bener, sok jago, sok pahlawan, sok idéalis. Moal ancur kieu! Ayeuna cukup ku ngaku dosa jeung ménta hampura? Genah teuing asana téh, hah?

(NYAI NYURUNTUL KA BAPANA, GABRUG NGARONTOK BAPANA)

BAPA             : Nyai… deudeuh…. Emh Gusti. Alhamdulillah tiasa panggih deui jeung barudak. Nyai ka mana ari Ucu? Geus gedé meureun nya?

NYAI             : Nuju dagang koran, Pa. Bapa…. Bapa….

(NYAI DIBENYÉNG KU UJANG)

BAPA             : Ujang, Euis, Nyai. Geus teu kudu kateterusan. Bapa rumasa dosa. Ka Ujang hususna, Bapa tumarima pisan, lahir batin dunya ahérat. Muga hidep saréréa pinanggih jeung kasalametan. Bapa moal lila di dieu. Tapi teu kudu melang. Hiji waktu tangtu aya béja ka hidep di mana Bapa aya. Hanjakal teu panggih heula jeung Ucu. Muga-muga baé sing jadi budak anu soléh.

Ujang, kaidinan upama Bapa hayang ménta hampura heula ka Ema? Kaidinan?

BAPA             : Nyai, ti iraha Ema teu damangna téh?

NYAI             : Ti nalika Bapa ditangkep, Pa.

EUIS               : Ti harita Ema ngajubleg, teu sasauran. Ayeuna dampalna lumpuh.

BAPA             : Ema… Ema…. Bapa hampura, nya? Emh, Gusti… (LEUNGEUN PAMAJIKANANA DIGALÉNTOR BARI CEURIK)

(UJANG NGAJÉWANG LEUNGEUN BAPANA. NANGTUNGNA NGADEUKEUTAN KA INDUNGNA)

UJANG          : Enggeus, moal cageur ku ménta pangampura. Cukup? Jig geura indit ti dieu. Urang napsi-napsi baé. Di dinya-di dinya, di dieu-di dieu!

(LALAUNAN BAPANA NGOLÉSÉD. RÉK NYAMPEURKEUN NYAI JEUNG EUIS TAPI DIHALANGAN KU UJANG).

BAPA             : Ema, Bapa rék indit deui nya. Sing sabar. Hampura nya Bapa!

(BAPANA LALAUNAN KA LUAR. NYAI NYALUKAN BAPANA. EUIS NGAGABRUG KA INDUNGNA. INDUNGNA NGADADAK MOTAH. DADA UJANG DIPEREKPEK DITEUNGGEULAN. HISTERIS, TAPI TEU SORAAN. LILA-LILA KAAYAAN LELER. UJANG ASUP KA JERO).

(DATANG UCU LULUMPATAN BARI HARUHAH-HARÉHOH. SOK KORAN DAGANGANANA DINA MÉJA. TEU EUREUN-EUREUN NGABIRIGIDIG)

UCU               : Aéh aya Ceu Euis. Iy…. Iyyyy…, gila. Iyyyy….

EUIS               : Naon Cu, bibirigidigan kitu… aya naon?

(ASUP UJANG SAREGEP NGADÉNGÉKEUN. UCU NU CACARITA)

UCU               : Bieu téh di dinya di parapatan. Aya nu ngagéléngkeun manéh kana beus kota. Iyyy…, ngan sariek, pas pisan kagéléngna téh hareupeun Ucu. Hiiiiyy! Polona ucrat-acrét, getihna ngabayabah.

NYAI             : Lalaki, awéwé, Cu?

UCU               : Lalaki, geus kolot.

EUIS               : Lalaki, geus kolot?

UCU               : Enya, bajuna kamprét geus lodro, disoléndang sarung….

(EUIS NGAJERIT SATAKERNA. BARI LUMPAT KA LUAR)

EUIS               : Bapa… Bapa….

UJANG          : (RUNGAH-RINGEUH, NGAGOAK TARIK PISAN) Bapa….

(NYAI NGATOG BLUK LABUH, BARI BAPA-BAPAAN. INDUNGNA NGOLOSOD TINA KORSI RODA, LEUNGEUNNA GUGUPAY, TAPI TEU SORAAN, UCU NGAHULENG SAKEUDEUNG BERETEK DEUI LUMPAT BARI BAPA-BAPAAN).


*Catetan Rédaksi:

Numutkeun pangarangna ieu naskah drama téh disarungsum tina drama “Nu Jaradi Korban” wangun hardfile. Kungsi dipanggungkeun dina Féstival Drama Pekan Industri Jawa Barat di gedong YPK taun 1969. Ditik-balénan, 7-3-1994. Laju ditik deui ku TSK, April katompérnakeun 1994. Masih dina jero taun 1994, Tepass Unpad midangkeun ieu naskah dina acara PDBS nu dikokolakeun ku TSK, di GK. Rumentang Siang, Bandung.