Ning

oleh -427 views
Foto: Rasus Budiono

Sajak Téddi Muhtadin
(Kepala Pusat Studi Budaya Sunda FIB Universitas Padjadjaran)

rasa risi tina sumpah
ngalémbéréh kana jubah anu ngurung mumuncangan
nu ngaléngkah
lir dina jempling-jemplingna hiro

pacuan dua hasta nu cumangreud lebah nyawa
malih warni ngagugusur jasad-jasad panasaran
kana ningnang anu mindeng dimumulé
bumi nu nyadiakeun lahan pajaratan

ari tapsir nungtung deuleu
meureun pasti
tapi meureun aya hasta
ngolébatkeun seuseukeut kater
nu ngagurat wangun cakra kana cangkéng

(1996)

Sumber:

Ning: Kumpulan Sajak 1994-2004 (2008)
Penerbit Girimukti Pusaka, Jakarta