Ngeunteung

oleh -315 views
Foto: Téddi Muhtadin

Sajak Téddi Muhtadin
(Kepala Pusat Studi Budaya Sunda FIB Universitas Padjadjaran)

mémang kudu dirapihkeun: kumis nu rogok,
adat nu malawading. jeung éta, rasa ceuceub:
akar-akar purwa nu nyaliara.

tapi gunting, henteu museur kana dawuh.
aya kalana ngajéwang leungeun marudah.
nyumput tukangeun imut. melesat lir mata kilat.

dina eunteung:
kalangkang jeung logika
pabéntar silih yakinkeun.

(1997)

Sumber:

Ning: Kumpulan Sajak 1994-2004 (2008)
Wedalan Girimukti Pusaka, Jakarta