Lagu Mulang

oleh -287 views

Agustin Purnawan
(Panyajak & Wartawan)

Basa kuring mulang
anjeun mapag ku girimis
nu nganteur teu milu asup
ngan ukur tepi ka lawang panto, tuluy jengkar

Rohangan teuing ku heurin, teuing ku poék
dua badega datang mawa patalékan
teuing ku hésé pijawabeunana
da puguh can kungsi ngapalkeun

Rohangan beuki poék beuki heurin
awak bet mandi cikésang jeung getih
sirah bencar diteunggeulan gada
awak rangsak direcah pedang
les teu inget

Basa kuring nyaring
Anjeun ngageuing ku adan
ngagupayan ku angin janari

Cimata maseuhan pangsujudan….

Maret 1994

Sumber:
Nyurup Lambak: Tujuh Puluh Hiji Sajak Sunda (1995)
Wedalan Pamass Unpad, Sumedang