Kintamani

oleh -418 views

Sajak Bambang Supena
(Panyajak & Guru)

lalakon rénghap halimun
teuteup anjeun talaga suwung
niruk lamunan gandrung

sabot diri miharep surti
pasini muguran hiji-hiji

2016

*Kungsi dimuat dina majalah Manglé no. 2586, Juli 2016