Sajak Djasépudin*
(Sastrawan)
Sasalad korona téa
Mimiti di nagri Cina
Sumebar ka mana-mana
Kaasup Indonésia
Korona ngaririwaan
Awalna di Kota Wuhan
Narajangna ka kabéhan
Sumebarna gancang pisan
Nya Covid Salapan Belas
Ngaran resmi virus gangas
Nya W-H-O nu ngabahas
Riwayatna sangkan jelas
Korona ngaran kamashur
Teu di kota teu di lembur
Jadi bahan gunem catur
Korona jadi pitutur
Cirina anu korona
Leuleus awak nyeri dada
Batuk jeung eungap napasna
Panas muriang dirina
Istilahna teu harésé
Ti O-D-P jeung P-D-P
Nya tangtu positif ogé
Tilar dunya mangkahadé
Héy dulur anu di lembur
Ulah guyur tong tagiwur
Korona gé bisa ancur
Asal daék dialatur
Héy dulur anu di kota
Ulah waka ka mamana
Korona kudu dijaga
Ulah terus nararépa
Para dulur-dulur abdi
Mugi kudu ati-ati
Korona kudu dibasmi
Hirup séhat anu pasti
Kahiji anu dijaga
Bersihkeun dua leungeunna
Ulah lali wawasuhna
Disabun cai ngocorna
Kadua jaga panangan
Ulah asal sasalaman
Bisina silih tépaan
Barabéna nya kabéhan
Katilu ngajaga baham
Pangambung gé ditutupan
Masker kaén ditalian
Ulah lali tong bosenan
Kaopat paanggang awak
Sosial anu berjarak
Nyegah korona laluncat
Tina bersin paburisat
Kalima jaga lingkungan
Ku cairan disinféktan
Semprotan jalan lingkungan
Jero imah gé bersihan
Kagenep cicing di imah
Ruang-riung tangtu ulah
Raraméan éta salah
Kuluyuran puguh parah
Katujuh nyaah ka diri
Barang tuang nu bergizi
Vitaminna ulah lali
Istirahat kudu mahi
Para dulur nu ariman
Korona urang jauhan
Jaga wudu saé pisan
Bersih diri suci badan
Para dulur saamparan
Korona urang singkahan
Ihtiarna réréongan
Rukun gawé sauyunan
Korona sing gancang ledis
Teu saeutik nu narangis
Hatur nuhun ka tim médis
Berjuang teu finis-finis
Mugi Allah ngarahmatan
Ka urang anu nadoman
Korona sing laleungitan
Miharep kasalametan
Ya Allah nu Maha Agung
Sadaya mundut pitulung
Ka Anjeun abdi nyalindung
Tina korona nu badung
Ya Allah Maha Kawasa
Sadaya mundut diriksa
Tina sasalad korona
Jauhan marabahaya
Ya Allah Nu Maha Mumin
Amankeun batur jeung kuring
Tetep ngaping jeung ngajaring
Amin Ya Robbal Alamin
Cibinong, 13 April 2020
*Kungsi dimuat dina rubrik “Lawung” HU Pikiran Rakyat poé Saptu tanggal 6 Maret 2021.