Jaya Renyuan

oleh -265 views

Sajak Bambang Supena
(Panyajak & Guru)

Kuring geus nungguan, cék Yamadipati
Kebojiro ngaweuhan saban madhab
Teu! Aing teu galideur najan geus apal kana kadar
pék, deukeutkeun nyawa aing, élmaut
Lebah dieu aing teu deuk owél ku mangrébu jamparing
nu nyasaak awak, hirup manusa ukur nyumponan kawajiban
hianat poé hianat takdir, hianatna bratayuda
hianat manéh, Ijroil!
Renghos aing hangru getih nu nyeleberkeun seungit samoja
Tina kekebul Kurusétra ngalangkung pati
nu teu weléh nyeungseurikeun
montong nyengir, sétan!!
aluk geura rangsakkeun hirup aing
(panonpoé meungpeun basa gorowok nu panganggeusan)

1994

Sumber:
Nyurup Lambak: Tujuh Puluh Hiji Sajak Sunda (1995)
Wedalan Pamass Unpad, Sumedang