Iraha Atuh Akang Boga Mobil?

oleh -310 views

Éris Risnandar
(Panyajak & Guru)

Iraha atuh Akang Boga Mobil?
Ku hayang ngajak Nyai jalan-jalan ka sawarga
Cénah cur-cor walungan arak di ditu mah
Urang mawa sajarikén
Urang mabok arak sawarga

His ulah diuyup di ditu!
Urang bawa ka lembur
Urang uyup jeung batur salembur
Jeung batur sanagara

Keun antep sina garédég
Sina baruringas
Sina ngaduruk pabrik
Sina morosotkeun kolor présidén

Hayang nyaho Akang mah
Bener kitu cék béja présidén téh euweuh siritan
Ah…
Iraha atuh Akang Boga Mobil?

Sumber:
Sérah: Sajak-sajak Éris Risnandar  (2018)
Wedalan Silalatu, Kuningan