Introspéksi Tungtung Taun

oleh -669 views

Sajak Déni A. Fajar
(Panyajak & Wartawan HU Tribun Jabar)

dina cukang waktu, nyambung usum ka usum
naha salawasna katiga, ceuk rasa
jarum jam ngarangrangan muragkeun angka-angka
pananggalan dina haté urang

dina cukang waktu, haté terus néangan pamuntangan
tapi léngkah can kaluar tina kalangkang sorangan
jero dada pinuh ku rasa rumasa, teu walakaya
horéng anjeun geus waktuna nagih jangji: pati!
dina waktu anu pasti!

Sumber:
Lagu Padungdung: Antologi Puisi Déni A. Fajar (2012)
Wedalan Syabas Books, Bandung