Éris Risnandar
(Panyajak & Guru)
nu garedé wawanén turun ka jalan
ngabatek gas miteskeun saban tikungan
nu laleutik burih diharudum simbut
nyumput tina barangéongna reungit
hirup téh pilihan
keur nu can manggih jalan hirup
hirup téh sorangeun
keur nu mikir bari leumpang