Carios Bansos

oleh -240 views

Sajak Bambang Supena
Panyajak & Guru

(1)
Nyarita di unggal karang
pajar manéh henteu meunang
lain butuh tapi hayang
ngomongna beuki capétang

najan imah sawah boga
motor gé sadua-dua
sapopoé hirup gaya
nolak bansos mah ké heula

nincak poé nu ka tilu
manéhna diangkir kuwu
sura-seuri moé huntu
sihoréng bantuan metu

(2)
Imah bilik ampar taneuh
wuwungna ampir rék eunyeuh
gawé taya anu maneuh
hirup nikreuh sarwa euweuh

jangeun anak pamajikan
koréh-koréh cok néangan
bari jeung kudu nungguan
kadang tara beubeunangan

batur ibur meunang bansos
manéhna mah angger nyamos
cadu kudu poporongos
najan padaringan totos

2020