Sajak Bambang Supena*
(Panyajak & Guru)
tepis wiring panineungan
jalan silih anjangan
kiwari kari ngaran
alun-alun jeung masigit
ngajirim minimarket rarujit
sawah ledis
geledegan pabrik ngabaris
di lembur agraris
di dieu, lur
baraya leungiteun tapak
boboran kari bangkarak
(Majaléngka, 2020)