Béja keur Ema

oleh -281 views

Sajak Zulaikha Sasmita
(Panyajak & Guru)

Ukur sakeclak cimata,
Tina mangréwu carita anu galécok jeroning dada
Talaga asih nu teu weléh ngagulidagkeun cikahuripan,
Kiwari ilang dangiang, ngolétrak tinggal calobak nu teu mangrupa

Pangbalikan kakubur palebah hunyur
Dipapaés begérna turaés
Ngawawaas datangna mangsa katiga
Tapi, pusara Ema moal weléh cipruk ku cimata kasono ti palaputra

Ema…
Imut salira lir éndahna kekembangan anu hégar marangkakan
Samoja mangprang, bakung renung, dipayungan ku kucubung,
Kacapiring mawa séwu mamanis maturan genclang cireumis

Dunya kiwari simpé
Kawih nimang tinggal haleuang panineungan
Lagu Ayun Ambing  tinggal sepi jempling
Ema ngahariring dina alam anu wening

Tong dipaliré mangsa nu terus miang ngaanggangan
Apanan Ema teu weléh ngarungrum gumulung sasarengan
Jinek dina angen-angen,
hémpak nyaliara dina tiap rénghap anu nyésa

Aya talatah kanyaah ngaliwatan hiliwir angin pasir
Lebah mumunggang Ema ngagupay
Nungguan mangsa pamustungan
Geusan mapag dina poé panglawungan