Éséy Téddi Muhtadin
(Kritikus Sastra & Sékrétaris Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran)[1]
Naha enya kritik téh geus jadi tradisi dina sastra Sunda? Pertanyaan kitu téh timbul lantaran kungsi aya ihwan nu nembrakkeun kamandangna yén saenyana dina sastra Sunda mah kritik téh can jadi tradisi, sanajan kritik sastra Sunda geus mindeng ditulis tur geus aya sababaraha judul buku. Upama kitu, naon atuh nu dimaksud ku “tradisi” ku inyana téh?
Dina Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (Citakan II, 2009) diécéskeun yén nu disebut “tradisi” téh nyaéta “kabiasaan, adat-istiadat”. Jadi, upama disebutkeun yén kritik sastra Sunda téh “can jadi tradisi”, jigana, maksudna mah kritik sastra téh can jadi kabiasaan atawa can jadi adat-istiadat. Upama kitu mah merenah. Sok sanajan, enya, ari kritik sastra Sunda mah terus ditulis tug nepi ka ayeuna, tapi da can jadi kabiasaan. Balukarna, loba kénéh pisan karya sastra jeung pasualan-pasualanana nu can kungsi dikritik. Mun nyoko ka dinya mah, jigana, judul nu merenah téh nyaéta “Ngajugjug Tradisi Kritik dina Sastra Sunda”.
Baruang ka nu Ngarora
Sakumna budaya nu mibanda karep pikeun robah kana situasi nu keuwih hadé pasti mikabutuh ayana kritik. Kaasup dina kahirupan budaya Sunda. Dina naskah Sunda Kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian aya kecap anu deukeut jeung harti kritik téh nyaéta “péda” nu bisa robah jadi “méda”, ngiritik.
Lahirna kritik sastra Sunda henteu jauh jeung lahirna karya sastra Sunda modérn. Nu disebut sastra modérn téh nyaéta sastra anu mangrupa karya individual anu salawasna hayang némbongkeun hal-hal nu anyar, anu béda ti nu geus aya. Sastra modérn ditulis dina basa lancaran, kalayan ngagunakeun wangun sastra anu jolna di Éropah. Dina sastra Sunda mah minangka awal sastra modérn téh nyaéta gelarna novél Baruang ka nu Ngarora (1914) karya D.K. Ardiwinata nu ditulis dina huruf Latén, tur dicitak ku Balé Pustaka. Atuh gelarna kritik sastra Sunda ogé henteu jauh ti dinya. Pikeun ngadeudeul lahirna éta novél, D.K. Ardiwinata nulis artikel nu judulna “Proza en Poezie” dina Papaés-Nonoman. Ceuk D.K. Ardiwinata, “… da ari saéstu-éstuna mah alus prosa … jeung puisi téh …. Jeung saha-saha nu rék diajar basa Sunda tina wawacan wungkul, ditanggung yén hamo bisa pisan…. … prosa mah natuurlijk”.
Ti dieu bisa katangén yén pasualan kritik sastra gumulung jeung kamekaran karya sastrana. Kritik sastra Sunda mangrupa bagian tina tarékah pikeun ngaronjatkeun (émansipasi) sastra katut masarakatna nyaéta ku cara ngarobah “budaya puisi” kana “budaya prosa” anu dianggap leuwih natuurlijk “alamiah”. Ku lantaran kitu, novél Baruang ka nu Ngarora (1914) lain baé nuduhkeun lahirna wangun sastra anyar dina basa Sunda, nyaéta carita panjang nu ditulis dina wangun basa lancaran, tapi ogé jadi tanda “pipisahan” tina wangun basa puisi. Bisa baé kalimahna disusun kieu: puisi, hususna wawacan, kudu ditinggalkeun lantaran bisi jadi “Baruang ka nu Ngarora”.
Ceuk D.K. Ardiwinata nu ngarora (jong Sundaneezen) kudu nurutan “…bangsa Walanda. Saperkara urang ngajak-ngajak ka babaturan istri-pameget sumawonna urang sorangan, sing raresep maos buku, da kapan bukuna mah geus aya dina volksbibliotheek. Pitumanan maca buku prosa. Ari maca téh saenya-enyana aya asihanana; saha-saha nu getol maca, tangtos katagihan, da pinanggih jeung ni’matna. Anu geus katagihan ku prosa, leuwih-leuwih ti katagihan ku madat, béjana. Kadua perkara urang leukeunan ngarang buku-buku. Gedékeun nyieun prosa, ulah pisan ngarang bab élmu ditembangkeun. Ari tembang mah urang paké dina dongéng-dongéng baé.”
Ku lantaran kitu, kaharti upama kritik sastra Sunda dina mangsa awal museur dina pasualan basa. Conto lianna, dina panalék E. Soemapradja dina Poesaka-Soenda kana Wawatjan Samaoen anggitan M. Engka Widjaja timbul istilah “hama basa” jeung “hama kasusastran”.
Gogoda ka nu Ngarora
Kritik sastra anu museur dina pasualan basa téh nganteng nepi ka taun 1950-an. Waktu Ki Sunda (Nani Soedarma) ngiritik buku karya M.A. Salmoen Gogoda ka nu Ngarora (1966) écés pisan yén anu dipasualkeun téh masalah basana anu dianggap “janggal jeung garihal”. Ceuk Ki Sunda: “Maca Baruang ka nu Ngarora, tuluy maca Gogoda ka nu Ngarora, mun cara tumpak mobil mah: ti jalan aspal méngkol ka jalan… koral! Boh kecap-kecapna, boh ungkarana, boh babasan jst, réa nu janggal jeung garihal. Kitu sotéh mun dibaca ku urang Sunda anu kandel kénéh rasa ka-Sundaanana.”
Tumali jeung Gogoda ka nu Ngarora (1966) Ajip Rosidi nulis kritik nu lain tina jihat basana, tapi tina jihat sastrana. Ceuk Ajip, “Tah éta béda anu hakiki antara Baruang jeung Gogoda téh. Ari Baruang mah hiji hasil seni anu éndah, carita anu ngagambarkeun kaayaan sosial masarakat Sunda péodal dina katompérnakeun abad tukang; sedengkeun ari Gogoda mah kebon anu sanajan ngémploh héjo ogé, jauh tina basa-basa seni.”
Puseur kritik sastra Ajip Rosidi nyaéta misahkeun karya sastra Sunda nu minangka hasil seni tina karya sastra nu ngan ukur kalangenan, popular, atawa hasil karajinan. Karya-karya kritik Ajip Rosidi geus dibukukeun, di antarana Beber Lajar! (1964), Dur Pandjak! (1966), jeung Ngalanglang Kasusastran Sunda (1983). Tarékah Ajip Rosidi pikeun milihan karya sastra minangka hasil seni nganteng nepi ka anjeunna maparin Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989 nepi ka ayeuna.
Lian ti Ajip Rosidi, aya sawatara kritikus nu museurkeun karya kritikna kana aspék seni tina karya sastra, di antarana, nyaéta Popo Iskandar, Yus Rusamsi, jeung Saini K.M.
Polémik Sajak jeung Dangding
Anu perlu dititénan patali jeung kritik sastra Sunda ogé nyaéta munculna polémik sajak jeung dangding dina majalah Warga. Ieu polémik téh mangrupa “perdebatan” nu patali jeung éksisténsi sajak katut dangding dina sastra Sunda. Dibaca tina jihat munculna prosa, ayana ieu polémik téh lir ibarat ngagedurna deui wacana poezie, nu ampir satengah abad saméméhna dicoba dipareuman. Tapi, ku lantaran puisi anu muncul dina taun 1950-an téh mangrupa puisi sajak nu jolna ti sastra Indonésia, nu asal-muasalna mah ti Barat-Barat kénéh, nya bisa ogé dibaca minangka hudangna deui kakuatan dangding/wawacan nu teu daék tilem kitu waé.
Aya hal nu anyar dina ieu polémik antara sajak Sunda jeung dangding téh nyaéta munculna pasualan idéntitas kasundaan dina hirup kumbuh bangsa Indonésia. Tokoh utama dina ieu polémik nyaéta Wahyu Wibisana teu weléh “marudah”. Wahyu ngarasa dirina aya di jalan cagak. Mana nu kudu dipilih, sajak atawa dangding? Mangsa lawas atawa mangsa nu baris datang? Barat atawa Timur? Jeung saterusna. Béda jeung perjalanan sastra Indonésia anu megatkeun asal-usul ka-Malayu-anana, ieu polémik sajak jeung dangding mah dipungkas ku narima boh sajak boh dangding minangka hasanah kasusastraan Sunda nu kudu dimumulé.
Murang-maring
Dimimitian ku medalna buku kumpulan carpon Murang-Maring dina taun 1983 anu mangrupa karya dékonstruktif, sastra Sunda masualkeun hal-hal nu geus dianggap mapan. Duduh Durahman anu gemet merhatikeun kamekaran sastra Sunda méré catetan anu penting kana medalna ieu buku kumpulan carpon. Di pihak séjén, dina taun 1980-an dunya akademik nu sacara inténsif mimiti kakocoran ku tiori-tiori sastra anu jolna ti Barat. Ahli sastra wedalan Walanda anu aktip ngawulang jeung ngayakeun panalungtikan di Indonésia, A. Teeuw, mangaruhan dosén-dosén sastra, nu saterusna mangaruhan mahasiswa-mahasiswana. Ti harita loba makalah, skripsi, atawa laporan panalungtikan loba nu ngajéntrékeun dadasar tiorina, di antarana baé anu ngagunakeun tiori-tiori struktural, sémiotika, intertékstual, hermeneutika, jeung sosiologi sastra. Tiori sastra Barat terus mekar, nepi ka antukna muncul tiori nu sifatna multidisiplin kawas cultural studies “kajian-kajian budaya”.
Di lingkungan nonakademik, lian ti ditulis kritik sastra anu museur kana kakuatan sastrana, mimiti ditulis ogé kritik-kritik anu museur kana kontéksna. Salah sahiji kritikus sastra Sunda nu nulis dina perspéktif multidisiplin nyaéta Hawé Sétiawan. Aya sawatara tulisan Hawé anu nyawang sastra Sunda tina jihat sosial politik, idéntitas, modérnitas, pascakolonial, jeung sajaba ti éta.
Kritik Sastra Sunda Kiwari
Nepi ka kiwari kritik sastra Sunda masih kénéh ditulis. Dina majalah Manglé, sok sanajan ayeuna taya rubrikna, tapi karya kritik bisa laluasa dipidangkeun. Kitu deui dina majalah Cupumanik, malah dina Petingan, nu mangrupa bagian tina Cupumanik hasil rukun gawé jeung Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) kritik sastra téh dibagéakeun pisan. Kitu deui dina tabloid Galura atawa koran Pikiran Rakyat, kritik sastra Sunda bisa dipidangkeun. Anu kiwari méré lahan husus pikeun kritik sastra Sunda mah nyaéta Tribun Jabar. Ieu koran nu ngagunakeun basa Indonésia téh saban minggu midangkeun kritik kana carpon anu dimuat ogé dina Tribun Jabar. Dina ieu rubrik katangén nu ngarora narulis bareng jeung kritikus nu leuwih sénior. Nu ngarora téh di antarana nyaéta Ari Andriansyah, Moh. Ilham Anshori, jeung Riki Nawawi.
Lian ti kritik sastra nu medal dina média citak, aya deui jenis kritik sastra nu kiwari muncul, nyaéta kritik-kritik anu marengan karya-karya sastra Sunda anu muncul dina internét, upamana, kritik kana fiksimini, haiku, jeung sajaba ti éta. Ari wangun kritikna bisa vérbal bisa ogé ukur ku tanda ikonis. Kritikna langsung ditujukeun kana karya nu dikritikna. Atuh nu nampa kritikna ogé bisa langsung ngajawab atawa langsung ngarobah karyana. Kritik modél kieu perlu panalungtikan nu leuwih gemet.
Sawatara Kacindekan
Kritik sastra Sunda raket patalina jeung kamekaran karya sastra Sundana sorangan. Lahirna kritik sastra Sunda bareng jeung lahirna karya sastra Sunda modérn. Kritik sastra Sunda, sarua jeung novél Sunda munggaran, boga karep ngungkulan tradisi lisan anu kuat anu marengan hirupna puisi, ku cara ngasongkeun bentuk karya prosa nu méré jalan nu laluasa pikeun asupna alam pikiran modérn. Bakal kaharti kunaon dina awal munculna, kritik sastra Sunda loba museur dina pasualan-pasualan basa.
Satutas karya prosa beuki euyeub, kritik sastra mindahkeun fokus perhatianana tina basa kana sastra. Anu nyongcolang ngagunakeun ieu prinsip nyaéta Ajip Rosidi. Dina perjalanan kritikna, Ajip Rosidi mampuh misahkeun karya sastra nu mibanda ajén seni tina karya sastra nu ngan ukur kalangenan, popular, atawa hasil karajinan.
Lian ti museur kana sastrana, kritik sastra Sunda ogé kungsi madungdengkeun pasualan-pasualan nu patali jeung idéntitas. Dina polémik sajak jeung dangding katémbong gagasan-gagasan kritis ngeunaan éksisténsi kasundaan dina kontéks kaindonésiaan.
Aya puseur perhatian séjén dina kritik sastra ti taun 1980-an nyaéta nu dilantarankeun ku dua hal anu muncul, nyaéta kahiji, lahirna karya sastra samodél Murang-maring karya Godi Suwarna anu ngadékonstruksi karya saméméhna sarta munculna tiori-teori sastra Barat. Ayana tiori-tiori anyar ngalantarankeun loba panalungtikan dosén jeung mahasiswa anu ngagunakeun rupaning tiori sastra Barat. Mimitina nu mindeng digunakeun téh pamarekan stuktural jeung sémiotik, nu terus ngamalir nepi ka bras kana cultural studies. Dina ieu tiori fokus perhatian kritik sastra robah tina téks kana kontéksna. Karya-karya kritik Hawé Setiawan jeung nu saentraganana, upamana, mindeng ngritik karya sastra patali jeung kontéks politik, modérnisme, atawa pascakolonial.
Kiwari kritik sastra masih ditulis. Tribun Jabar[2] méré lahan nu pantes pikeun kamekaran kririk sastra. Lian ti éta, nu perlu diperhatikeun ogé nyaéta kritik-kritik anu muncul dina internét.
[1] Ditepikeun dina Kongrés Basa Sunda di Kuningan 2017, dimuat dina majalah Manglé no. 2635 kaca 58-59. Ieu éséy dimuat ogé dina buku Kritik Sastra Sunda: Kumpulan Karangan wedalan Galéripadi taun 2020 tur disusun ku Héra Méganova Lyra, Téddi Muhtadin, & Taufik Ampéra.
[2] Catetan rédaksi: Ieu éséy ditulis dina mangsa rubrik “Taraju” nyaéta rubrik husus kritik sastra Sunda dina HU Tribun Jabar masih aya. Kiwari, rubrikna geus dilikuidasi.