“Pamiangan”. Kitu judul ieu buku téh. Teu disangka-sangka ieu carita hirup téh bakal medal jadi buku. Lain carita hirup kuring hungkul, tapi sa-Dananjaya. Ari Dananjaya téh ngaran entragan kuring, mahasiswa entragan 2021 di Sastra Sunda, Unpad. Keur kuring mah, Dananjaya téh lain ngan saukur ngaran entragan atawa kumpulan jelema keur minuhan kelas. Leuwih ti éta, ibaratna mah Dananjaya jadi hiji rohangan pikeun meungkeut babaturan saentragan sangkan silih pikadeudeuh, silih pikanyaah bari teu weleh babarengan sauyunan. Nu matak reueus pisan, “Dananjaya” téh bener-bener bisa ngahijikeun jelema anu ceuk jaman ayeuna mah béda-béda circle, tapi ngahiji nalika gempungan dina rohangan éta.
- Sheila Annisa Silpiani
(Wawakil Mahasiswa ti Entragan 2021)