Lanceuk Pamass

oleh -343 views
foto: Rawayan

Tangtungan jalma téh rupa-rupa. Nu dimaksud téh pasipatanana. Kaasup lanceuk-lanceuk Pamass (Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda) Unpad anu sumebar di mana-mana. Tina sakitu réana alumni Sastra Sunda Unpad, aya salah sahijina anu teu weléh natrat kahadéanana. Éta alumni téh jenenganana Dédih Supriadi atawa Kang Dédih, kitu kuring nyebutna, Pamass entragan 90.

Duka iraha ngawitan tepang sareng anjeunna. Nu pasti mah remen pakumaha téh waktu kuring sabatur-batur nyanghareupan acara Pasanggiri Monolog Basa Sunda anu katilu taun 2016. Naha kudu ka Kang Dédih? Sabab jenengan éta alumni remen kasebut ku barudak Pamass. Cenah ieu urang Cimenyan Kabupatén Bandung téh gedé kahaat ka adi-adi. Kitu nu kasaksén téh.

Enya entragan 2013 gé meunang éta informasi téh ti entragan méméhna. Béja pabéja-béja, ti mangsa ka mangsa, ti entragan ka entragan. Matak pantes mun anjeunna dipercaya jadi Pupuhu SAPAMASS (Simpay Alumni Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda) ti Januari 2017.

Ras ka guru ngaji waktu mimiti alip-alipan: kudu jadi jalma anu bisa ngahirup-huripan batur. Naha lain ngahirupan diri sorangan? Ceuk haté téh. Kakarék ngarti kabéhdieunakeun. Geuning, enya lamun geus bisa ngahirupan batur mah, tangtu urang gé hirup. Hirup haténa. Apan kitu jalma idéal mah anu jembar manahna tur seukeut haténa. Jigana kasauran Pangersa kapungkur téh bisa dihontal salah sahijina ku cara diajar hirup jeung tabaruk ka ieu lanceuk nu gumelar kaping 6 Juli 1970.

Dina pakumbuhan sastra Sunda, Kang Dédih anu di kampus mah nelah ku sebutan Kang Banténg téh mémang teu pati dipikawanoh salaku pangarang Sunda; lantaran teu produktif nulis karya sastra téa. Ngan, anjeunna neundeun karesep kana genre puisi wangun sisindiran. Najan teu produktif nulis, nu namper dina ingetan batur-baturna anjeunna leuwih dipikawanoh salaku pamaén téater jeung sutradara di Tepass (Teater Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda) Unpad.

Kontribusina lolobana di “belakang panggung”, saperti nyukséskeun garapan Tepass Unpad (ngan waktuna teu kapapay), di antarana “Tonggérét Banén”, “Sindén”, jeung “Tukang Asahan”; sarta sawatara garapan Gelanggang Seni Sastra Teater dan Film (GSSTF) Unpad babarengan jeung Kang Hérry Dim di Rumentang Siang. Malah dina acara Féstival Drama Antar Jurusan di FIB Unpad, ieu alumni SMAN 7 Bandung anu nyutradaraan naskah drama “Lebé Sahala: Sang Juru Nikah” garapanana meunang pangajén Aktor Terbaik (Didin 91) jeung Sutradara Pinunjul ka-1.

Waktu jadi mahasiswa, aktif dina kagiatan Lisés (Lingkung Seni Sunda) Unpad, GSSTF, jeung Rawayan. Taun 1992 kapeto jadi Pupuhu Pamass. Masih dina jero 1992, Kang Dédih milu naratas ngadegna IMBASADI (Ikatan Mahasiswa Bahasa dan Sastra Daerah Indonesia) di Universitas Hasanudin Sulawesi Selatan bareng jeung Duddy RS (89), Yuda Farid Daniardi (89), ogé Obay Sobari (87).

Aktif. Enya kaasup motékar Kang Dédih téh. Aktif dina sawatara kagiatan kacida pentingna. Kitu saur anjeunna dina hiji waktu, lantaran ku aub dina sawatara organisasi urang bisa ngundeur pangdeudeul pibekeleun hirup kumbuh di masarakat. Lian ti éta, aub di organisasi jadi tempat silaturahmi pikeun meungkeut duduluran, ngajalin rélasi, jeung nambah pangaweruh. Ku kituna, ieu nu kungsi jadi Pupuhu Rawayan teu weléh nganuhunkeun pisan ka para dosén, lanceuk-lanceuk, jeung ka adi-adi di kampus nu gedé jasana ngipuk jeung ngarojong suksés anjeunna.

Pa Téddi Muhtadin, Dosén Sastra Sunda Unpad nyebut tangtungan Kang Dédih téh penting ditulad ku adi-adi Pamass. Sabab di mana waé cicing, anjeunna tara petot ngupayakeun sangkan tempat anu dicicinganana téh hirup kalayan hurip, kaasup di Rawayan jeung umumna dina kagiatan basa, sastra, jeung budaya Sunda.

Sobat dalitna saangkatan ti mangsa kuliah, Kang Dian Héndrayana—nu kiwari ngadosénan di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI—ngahaminan yén Kang Dédih enya gedé tanggung jawabna saban nyanghareupan kagiatan. Wani nyanghareupan pasualan sakumaha rumitna, turta sok ngasongkeun baé bongbolongan lebah kumaha cara ngungkulanana. Pikeun babaturan sabudeureunana, ayana Kang Dédih téh sok laju mawa kana suasana hégar, cangra, jeung matak ilang sagala pasualan sarta sarwaning kasumpek manah.*** (Riki Nawawi)