Kabuyutan Ciburuy Eunteung Pédagogi(k) Urang Sunda Baheula

oleh -326 views
Foto: Mandala Srimanganti

Éséy Cucu Suhartini*
(Filolog, Sastrawan, & Guru)

Jaman baheula di Tatar Sunda aya anu disebut kabuyutan. Mun dipaluruh dina jihad étimologi kabuyutan téh asal kecap tina kecap buyut ditambah rarangkén “ka” jeung “an” anu fungsina nuduhkeun “tempat (anu patali jeung) …”. Buyut numutkeun Kamus Bahasa Sunda Buhun (Elis S.N.S. & A. Marzuki, 2005) miboga harti (1) cicit, (2) karamat, sesebutan hormat ka patapa, (3) pantang. Jadi kabuyutan bisa dihartikeun mangrupa hiji tempat anu suci atawa anu karamat. Hal ieu tumali jeung kailaharan jaman harita yén kabuyutan téh tempatna para pandita atawa pujangga enggoning ngalaksanakeun rutinitasna dina rupa-rupa kagiatan anu réligius salian ti nulis naskah, ngajarkeun élmu agama, jeung ogé tempat munajat atawa tempat ngadunga.

Istilah lain keur kabuyutan nyaéta mandala. Mandala hartina pakampungan tempat para resi. Ayana biasana di sisi gunung atawa di tempat anu sepi tur nyingkur. Kagiatan anu aya di mandala nyaéta kagiatan nepikeun rupa-rupa pangaweruh jeung aya ogé kagiatan nu disebut tapa. Jadi nya ti mandala pisan dianggap turunna kabiasaan tapa atawa semédi téh. Sedeng ceuk para filolog mah kabuyutan téh sok disebut skriptorium. Skriptorium téh mangrupa tempat keur nyalin naskah (nu ditulis ku leungeun) nu dipigawé ku para juru tulis. Hal ieu aya saacan mesin cetak katimu. Disagigireun éta, skriptorium sakaligus dijadikeun tempat neundeun naskah boh naskah anu asli boh naskah turunan nyaéta naskah nu meunang nyalin.

Kabuyutan Ciburuy bisa disebut hiji modél lembaga atikan saacan ngadegna tradisi pasantrén di Tatar Sunda. Sabab di éta tempat lumangsung kagiatan inteléktual, népakeun ému ti para pandita atawa maharesi ka para muridna. Bukti kagiatan inteléktual ieu, di Kabuyutan Ciburuy masih aya barang-barang titinggalna anu mangrupa péso pangot paranti nulis dina lontar, rangka kacamata tina tanduk, gunting, piring jeung tabung, anu sakabéhna kaasup kana alat-alat nulis waktu jaman harita. Atuh bukti lianna nyaéta masih katiténan ayana hasil inteléktual nu mangrupa sawatara kropak naskah kuno anu ditulis dina bahan daun lontar jeung gebang. Jumlahna cukup loba nu diteundeun dina tilu peti jeung kaayaanana masih cukup kapiara. Ayana éta naskah, hiji bukti yén tradisi nulis geus lumangsung di éta tempat. Hartina geus lumangsung kagiatan inteléktual urang Sunda baheula nu raket patali jeung widang pédagogi(k).

Pédagogi asalna tina basa Yunani Kuno nu hartina ngaping budak. Harita di Yunani pancén keur ngaping budak téh dipigawé ku “budak/hamba sahaya” nu ngaping anak dununganana, kumplit ti mimiti nalingakeun atikanana, nganteur ka sakolana, nepi ka nékel tanggung jawab salaku nu ngasuhna. Sedengkeun pédagogik (Yunani Kuno) numutkeun étimologi mah asal tina kecap paedos jeung agogos hartina nganteur, ngatik, jeung ngaping. Jadi, pihartieunana téh hiji ahli anu nganteur tur ngaping hiji jalma keur ngahontal tujuanana. Tapi lamun urang ngarujuk kana Kamus Besar Bahasa Indonesia pédagogi nyaéta élmu pangajaran atawa élmu pendidikan, sedengkeun pédagogik sifatna tina pédagogi atawa nu boga sifat ngadidik. Jéntréna mah pédagogi sebutan keur élmuna, sedengkeun pédagogik mah eusi tina pédagogina.

Kabuyutan Ciburuy salaku modél lembaga atikan jaman harita bisa katingali dina wangunan bagian Padaleman. Padaleman téh mangrupa hiji tempat anu ukuranana kira-kira 10 méter x 50 méter. Di dieu, Padaleman némbongkeun fungsina saperti sakola tempat diajar. Bagian panghandapna atawa posisina nu panghareupna nyaéta keur murid-murid nu biasa disebut catrik atawa sastrim. Bagian anu kadua atawa bagian tengah keur murid-murid anu disebut ajar. Sedengkeun bagian anu katilu atawa anu luhur keur murid-murid anu disebut resi. Panungtung bagian anu pangjerona aya wangunan tempat neundeun naskah-naskah kuno téa disagigireun aya barang pusaka nu mangrupa kujang, trisula, genta, jeung sajabana.

Tempat nu dibagi-bagi nu ngabédakeun antara tempat pikeun catrik, ajar, jeung resi numutkeun Djajadisastra & Sutarja (1983) ieu téh geus kaasup kana “suasana/situasi pendidikan”. Nu pihartieunana mah mangrupa situasi hirup kumbuh nu diciptakeun kalayan ngahaja nu dilantarankeun aya hiji tujuan atikan nu rék dihontal. Nyaéta hiji niléy anu rék ditepikeun ka budak salaku budak anu diatik ku jalma déwasa (bisa jadi kolot atawa guru) salaku pangatik. Ieu téh merenah pisan jeung anu disebut “Tindakan Pendidikan” anu titik ahirna nujul kana tujuan pamungkas atikan pikeun ngahontal tujuan anu geus ditangtukeun.

Kabuyutan némbongkeun ajénna salaku lingkungan pendidikan. Lingkungan atawa tempat atawa wilayah lumangsungna atikan, nu diwengku ku lingkungan kulawarga, lingkungan sakola/kabuyutan, jeung masarakat di sabudeureunana. Lingkungan anu tilu ieu dianggap gedé pangaruhna kana prosés jeung hasil atikan. Tempat ngadegna kabuyutan dipercaya hasil itung-itungan anu teu samanéa. Sabab kabuyutan dipercaya dina jaman baheula dijadikeun pikeun puseur kakuatan raja jeung karajaanana. Ku kituna, kabuyutan jadi tempat anu pangheulana diserang lamun aya nu nyerang karajaan.

Kabuyutan dianggap hiji tempat keur ngawangun karakter atawa jatidiri para catrik/sastrim, ajar, jeung para resina. Di kabuyutan murid-muridna dipeuseuh sangkan sikep (attitude), tingkah laku (behaviour), motivasi/sumanget (motivation), jeung karancagéan (skill) punjul. Tangtuna keur nepi ka tahapan pinunjul ieu para catrik, ajar, jeung resina jatidirina kudu dipukpruk ogé ku rupaning aspék budi pekerti plus nyaéta aspék pangaweruh (cognitive), perasaan (feeling), jeung tindakan (action). Ku kituna, prosés inteléktual bisa nyata lumangsung, katangén tina bukti fisik karyana nu mangrupa tulisan naskah-naskah kuno nu eusina kacida pisan luhung ajénna. Eusina ngeunaan rupa-rupa élmu pangaweruh nu ajeg dina tatapakan adat-istiadat budaya lokal Sunda turunan ti para luluhurna. Nu mangpaatna masih bisa dipaké jeung rélevan nepi ka kiwari. Ceuk istilah gayana mah meureun miboga ajén anu timeless. Disagigireun éta, tulisan-tulisan nu aya dina naskah kuno nu ditulis dina daun lontar jeung gebang éta téh, mangrupa hiji budaya nyalin anu merlukeun katalitian, kasarigepan, jeung kataatan ti para panyalinna. Sangkan naskah salinana sarua jeung teu méngpar ti naskah aslina.

Fasilitas pendidikan di kabuyutan bisa katingali ku ayana opat wangunan salian ti Padaleman. Opat wangunan lianna, nyaéta Patamon tempat musawarah adat jeung narima tamu, leuit, saung lisung, jeung Panyarangan atawa Pasigaran nyaéta tempat nu dipaké neundeun sementara naskah jeung barang-barang pusaka lamun keur ngalakukeun ritual barang-barang éta.

Catrik atawa sastrim, ajar, jeung resi  kaasup kana istilah “peserta didik”. Anu pihartieunana nyaéta hiji individu anu can déwasa, anu eukeur aya dina prosés “berkembang” ka arah anu déwasa. Catrik, ajar, jeung resi mangrupa komponén atikan anu teu bisa ditinggalkeun, sabab lamun euweuh arinyana moal lumangsung prosés diatik jeung ngatik. Nya ieu nu disebut yén siswa salaku posisi séntral dina prosés diatik jeung ngatik.

Baheula di Kabuyutan Ciburuy anu ayana di Kampung Ciburuy, Désa Pamalayan, Kacamatan Bayongbong, Kabupatén Garut, para resiguru atawa  mahakawi ngetrukkeun sagala élmu panemuna pikeun diturunkeun ka murid-muridna nyaéta catrik atawa sastrim, ajar, jeung resi. Lain ngan saukur ajaran agama wungkul, tapi rupa-rupa ajaran kahirupan ti mimiti pamaréntahan, atikan, filsafat, palintangan, seni, sastra, étika, jeung sajabana. Luyu kana titingal anu masih aya. Di dieu lumangsung prosés atikan nu mangrupa ngatik, ngajar, tur ngalatih.

Dina kecap maharesi, katangén yén resi téh hartina pandita. Pandita téh asalna tina basa Sansekerta anu hartina terpelajar, pinter, jeung wijaksana. Jadi, maharesi téh ngandung harti pandita nu linuhung. Kitu deui mun ngudag kana kecap mahakawi. Kawi nu asalna tina bahasa Jawa Kuno hartina pujangga atawa tukang nyieun syair jeung boga harti ogé pujangga anu mashur kakoncara. Tina dua harti ieu témbrés yén maharesi atawa mahakawi atawa pandita téh kudu mibanda ahlak anu masagi, di antarana  kudu boga laku lampah (ahlak) anu hadé, ahli agama, bisa ngadalikeun hawa napsu, umurna kolot, sastrawan, jeung ahli basa. Éta perkara téh jadi bekel pikeun maharesi atawa mahakawi sangkan boga visi jeung idéalismeu anu jelas dina ngawangun komitmen anu panceg salaku guru keur ngatik muridna. Dina ngajalankeun tugasna mahakawi atawa maharesi, numutkeun pédagogik mah salaku hiji ahli anu ngatik jeung ngaping muridna ka arah tujuan hirup anu pasti. Sedengkeun maharesi atawa  mahakawi asup kana katégori “pendidik” atawa guru atawa nu ngajar; hiji jalma anu ngalaksanakeun kagiatan ngatik, ngadidik, boh kolot, guru atawa jelema déwasa nu boga komitmen keur ngadéwasakeun budak.

Kabuyutan biasana aya di sisi gunung, atawa di tempat anu nyingkur saperti di jero leuweung di tempat anu sepi. Hal ieu didadasaran ku pungsina yén tempat sepi  nu nyingkur payus keur museurkeun jiwa raga dina ngalap jeung nepikeun élmu pangaweruh. Salian ti èta, tempat anu sepi jadi sumber inspirasi anu pas keur ngulik pangaweruh anu miboga unsur réligius anu kuat. Di dieu para maharesi ogé tapa salian ti nyebarkeun élmu pangaweruhna. Kagiatan anu modél kieu téh teu leupas tina asal-usulna kabuyutan nu aya dina éra Hindu. Jaman harita atikan téh raket pisan patalina jeung agama. Hal ieu némbongkeun yén dina pédagogik urang Sunda téh gumulung rupa-rupa élmu antara élmu émpiris, rohaniah, normatif, jeung praktis.

*Kungsi dimuat dina rubrik opini HU Tribun Jabar poé Senén tanggal 9 Maret 2020.