Haréwosing Langit: Kumpulan Guguritan

oleh -13 views

Kuring kudu balaka, maca tulisan Dian Héndrayana téh enya éstuning éndah tur matak pogot. Tayohna Dian Héndrayana geus teu boga bangbaluh. Kecap-kecap taluk. Lir tawanan perang. Rék dikumahakeun baé gé teu wudu nurut. Macana moal rundag-randeg. Teu bina ti mobil anu karék kaluar ti dealer. Ngageleser. Macana jadi bungah. Abong mun teu mindo. Matak pogot. Mugi-mugi kalandep ku balarèa.

  • Asép Budi Setiawan, sastrawan, awak Rawayan, jeung kapala dinas di Kuningan