Papantunan

oleh -382 views
sumber: internét

Éséy Dian Héndrayana*
(Sastrawan & Dosén di Departemen Pendidikan Basa Sunda FPBS UPI)

Nu kapanggih mah ukur aya tilubelas lagu wanda papantunan dina cianjuran téh. Éta lagu papantunan anu 13 téh maksudna mah anu nyumber kana pantun Mundinglaya di Kusumah (MdK). Ari hég dina katerangan nu kaungkab tina buku panalungtikan R. Kosasih, Enip Sukanda, jeung Dadang Sulaéman da henteu réa lagu-lagu papantunan mah. Kabéh-kabéhna mangrupa kréasi Dalem Pancaniti anu enya beunang nyempal (nyempog) tina carita pantun MdK; ti mimiti adegan Mundinglaya ngapung ka jabaning langit, tug tepi ka mulangna deui ka buana panca tengah, sarta dipungkas ku adegan mipit bagja duméh tinekanan nyandingkeun Déwi Asri.

Naha Kangjeng Dalem Pancaniti bet milih carita pantun MdK? Naha deuih nu jadi sumber inspirasina téh bet lebah fragmén Mundinglaya ngapung ka jabaning langit tuluy lungsur deui ka buana panca tengah? Maksud téh henteu ngala carita pantun Lutung Kasarung? Atawa naha henteu nyempal fragmén Léngsér midang jeung parebut boros honjé téa? Atawa sugan naha henteu ngréasikeun tina adegan perang ragot antara Mundinglaya jeung Guriang Tujuh di jabaning langit? Kapan éta mah tangtu bakal ramé pisan!

Enya. Bet bray wé pikiran anu basajan; gedé kamungkinan duméh dina fragmén nu éta meuhpeuyna ajén hirup jeung palasipah. Dina hukum kausatif anu basajan, bisana metik hasil tina angen-angen téh duméh kudu nyorang jeung ngungkulan heula rupaning pasualan jeung cucuk rungkang. Mun urang bisa ngungkulan hiji pasualan kalawan déwasa, henteu asa bener aing salah batur, nilik pasualan kalawan imeut jeung gemet dibarengan ku beresih haté, tanwandé baris tinemu bagja sakumaha nu diébréhkeun tina lalampahan Mundinglaya ngapung ka jabaning langit geusan ngarebut Lalayang Salaka Domas téa.

Bréh deui katerangan ti budayawan Ubun Kubarsah, “Satemenna Kangjeng Dalem Pancaniti nyanggi lagu (nu ayeuna urang terang minangka) papantunan téh éstuning tos dikonsép dina wangun balada (orkéstrasi).”

Orkéstrasi! Da enya, sabada dilenyepan, saban lagu ti nu 13 téa; ti mimiti lagu “Rajah”, “Pangapungan”, “Mupu Kembang”, “Kaléon”, “Mangu-mangu”, “Rajamantri”, “Manyeuseup”, “Balagenyat”, “Randegan Gancang”, “Randegan Kendor”, “Putri Ninun”, “Layar Putri”, tug tepi ka “Nataan Gunung” mangrupa runtuyan lagu balada nu mibanda karakter séwang-séwangan. Tilubelasanana ngaruntuy cara dina konsép musikal Bethoven atawa Bach dina nyusun komposisi musik tina carita épos Yunani.

Hanjakalna, ayeuna mah urang mindeng mireng lagu-lagu wanda papantunan téh henteu ngaruntuy-ngaranggeuy, tapi mararisah baé di papadana. Cara mutilasi, diteukteukan, dicoplok-coplokkeun tina ranggeuyanana. Tepi ka mindeng kapanggih aya runtuyan (bangun sakaparan-paran) lagu poko “Kaléon”, “Mangari”, “Rakitan Degung” ditéma kana lagu panambih “Selabintana”. Emh, deudeuh teuing éta “Kaléon”!

Cindekna, lagu-lagu wanda papantunan téh medal di kadaleman dina mangsa Kangjeng Dalem Pancaniti (lempagan ka-2 abad XIX, sabada taun 1850-an). Ngan baé sok mindeng curiga, lagu wanda papantunan nu ayeuna téh bisa jadi geus réa nu ngagilek tina lagu aslina. Malah, lagu wanda papantunan anu “orsinil” mah boa geus tumpur mareng jeung tumpurna para tokoh urang Bojonghérang (dina runtuyan sajarah ti para ahli, urang Bojonghérang maneuh muhit jeung miara pisan lagu-lagu papantunan jeung jemplang).

Naha lagu “Papatet”, “Téjamantri”, “Goyong”, teu lebet kana runtuyan lagu papantunan anu tilu belas téa?

Boh “Papatet” boh “Téjamantri”, atawa “Goyong” ukur semet mibanda galindeng musikal siga atawa saru cara dina wanda papantunan baé, bari henteu tumut atawa ngala kana runtuyan fragmén MdK téa. Cohagna, lagu “Papatet”, “Téjamantri”, “Goyong” ukur nuansa laguna (musikalna) baé anu nurun kana karakter wanda papantunan téh, da rumpaka jeung pasipatanana mah henteu nyoko kana carita pantun MdK.

Jol curiga deui baé, “Papatet” munculna dina jaman Écé Majid. Kasangtukangna, pikeun mukakeun panto bangongong ka alam wanda papantunan téa. Rumpakana gé ngahaja sina mantun mjajaran, najan enya upama diruntuykeun mah, sacara tématik taya korélasina jeung fragmén MdK. Komo galindeng lagu “Téjamantri” mah. Ku saliwatan ogé, sidik pisan éta mah lagu “Papatet” nu diperal-peralkeun sina beukah. Enya, teu béda basa Apung SW (suwargi) nyanggi lagu “Dangdanggula Paniisan” hasil tina meralkeun lagu “Téja Mantri” (tiasa dibandungan dina album “Béntang Kuring”, nu ngawihna Nénéng Dinar, produksi Jugala taun 2006).

Lian ti lagu “Papatet”, “Téjamantri”, jeung “Goyong”, lagu-lagu poko séjénna nu siga wanda papantunan téh di antarana baé “Mandalagita”, (album “Mandalagita” sanggian Uking Sukri, produksi MTR Record 1989, haleuang Asep Kosasih jeung Elis Wizaksmi), “Salakadomas”, “Taman Éndah” (haleuang Euis Komariah jeung Yus Wiradiredja, sanggian Bakang Abubakar), jeung “Tali Rasa” (dihaleuangkeun ku Yayah Rochayati dina album “Puspita Ligar”) anu galindengna ngahaja nyoko kana nada dominan papantunan (mi – la). Ngan, tayohna basa éta lagu disaranggi, nu nyaranggina bangun anteng dina wewengan puisi dangding. Bet padahal urang pada terang, wanda papantunan mah dialana gé tina puisi pantun, nu tangtu baé henteu ngadangding.

Ayeuna mah méh 70%, rumpaka lalaguan dina wanda papantunan téh disilih ku guguritan; “Mupu Kembang”, “Kaléon”, “Rajamantri” dieusian ku pupuh asmarandana; “Randegan”, “Putri Layar” ku pupuh kinanti; “Mangu-mangu” ku sinom. Nu henteu téh ngan kari “Pangapungan”, “Manyeuseup”, “Balagenyat”, jeung “Nataan Gunung”.

Lain nanaon, komo kapan kasebutna fragmén tina carita pantun MdK, dina saban adegan téh puguh pisan kumaha suasana jeung karakterna. “Mupu Kembang” (ceuk Kang Enip mah “Mupug Kembang”; mupug téh saharti kénéh jeung mupu, ngan katambahan bari bangun nu kokomoan. Enya, kokomoan sotéh duméh ngarasa kesel téa ngantos ingkang panutan, Mundinglaya nu keur ngapung ka jabaning langit) ngagambarkeun Nyi Déwi Asri nu nuju ngabangbrangkeun pikir di taman kembang sabot ngantos Mundinglaya. Ilustrasi rumpaka laguna, bisa jadi mangrupa monolog tina kereteg manah Nyi Déwi Asri sakumaha nu kapireng dina:

 Goong téh kaimpi totos
duka naon balukarna
kajeun teu wawuh jeung dulur
kajeun anggang jeung baraya
tinimbang henteu laksana
diri abdi ka anjeunna, geuning
luas iklas bibilasan

atawa mangrupa teks nataan (déskripsi) cara dina rumpaka:

Payung hiji ku duaan
angkat bari réréndéngan
hurung siga layung isuk
nya keusik-keusik barentik
nya cadas-cadas harérang
nya batu-batu harurung, geuning
kahibaran Déwi Asri

Boh rumpaka goong téh kaimpi totos boh rumpaka payung hiji ku duaan, duanana gé maké téks puisi pantun, henteu ngadangding. Dina rumpaka Goong téh kaimpi totos mah taya lian ti mangrupa monolog Déwi Asri nu luluasan ngedalkeun sikepna réhna inyana kajeun kénéh teu wawuh jeung dulur tinimbang teu laksana sumanding jeung Mundinglaya. Ari dina rumpaka Payung hiji ku duaan mah ngadéskripsikeun kumaha geugeut-meumeutna Nyi Déwi Asri ngadon silipuntangan dina iuh-iuh payung jeung ingkang panutan, Mundinglaya.

Anu modél pisan mah nya rumpaka Mupu Kembang nu ieu:

Déwi Asri tending leuwih
baraja inten gumilang
puputon sekar kadaton
pamidangan Pajajaran
panyileukan sadayana
turunan Gunung Gumuruh, geuning
pencaran salakadomas

pangna disebut rada modél téh, éta duméh rumpakana mupuh asmarandana. Tur padahal nu digambarkeunana ngahaja ngeunaan Déwi Asri pisan tina pantun MdK deuih. Enya, padahal pantesna mah da ari papantunan mah henteu mupuh. ***

*Kungsi dimuat di rubrik Kolom HU Tribun Jabar poé Senén tanggal 12 Agustus 2019.