Kecap “tingtrim” atawa “tengtrem” boga harti ngarasa ayem, teu hariwang, euweuh karingrang, tur tiis pikir. Kitu nu kabaca tina sawatara kamus basa Sunda. Pangpangna haténa anu lugina téh. Lamun genah haté, kapan gawé gé jadi rancagé. Karya merul jaradi pinunjul.
Dina pakumbuhan masarakat Sunda, pangpangna para sastrawan, prosés kréatif téh kacida pentingna jeung deuih béda-béda carana. Dian Héndrayana—atawa Kang Dian kitu ilahar disebutna—upamana, boga “jimat” sangkan bisa ngahontal dunya anu “tingtrim” téa, nyaéta hariring tembang cianjuran. Jigana, tina éta seni tradisi Kang Dian miang ka jauhna téh. Hiji kasenian anu ngadumaniskeun musikalitas jeung seni sastra anu lir ubar jeung vitamin kréativitas.
Mémang kitu, nu karasa ku anjeunna cianjuran téh mangrupa seni sora anu ngahudang tingtrim, tapi ogé ngaliarkeun imajinasi tug parat ka alam mana boa. Éndah tur matak tengtrem. Singhoréng ieu sastrawan kalahiran Subang 25 Pébruari 1971 mireng éta kasenian téh ti keur budak kénéh, lantaran sepuhna nyaéta Bapa H.R. Sukéndar K. nu ogé seniman (asuhan sastrawan Rachmatullah Ading Affandie) sareng Ibu Siti Rohmah remen nyetél cianjuran jeung degung dina tip (pita kasét). Malah ramana Kang Dian ogé nganggit sawatara rumpaka lagu nu disanggi ku Mang Koko, nyaéta “Ngumbar Sawangan”, “Kembang Muguran”, “Imut Subuh”, jeung “Pecat Sawed”. Ngan, anu populérna mah judul “Ngumbar Sawangan”.
Satuluyna, beuki maskét kana cianjuran sanggeus kuliah di Sastra Sunda Unpad taun 1990. Mana komo leuwih undak deui karesepna sabada asup ka organisasi kasundaan Daya Mahasiswa Sunda (Damass) taun 1990. Pikeun Kang Dian, aub di Damas gedé untungna lantaran bisa tepung lawung jeung tokoh-tokoh nu sok pagiling-gisik jeung cianjuran, di antarana Ubun Kubarsah, Enip Sukanda, Gugum Gumbira, Yus Wiradiredja, jeung Ida Widawati.
Aya dua aspék nu matak ngajadikeun ieu pangarang resep kana cianjuran, nyaéta (1) aspék sastra (puisi guguritan) jeung (2) aspék musikalitasna. Dina aspék guguritan, basa puitikna aréndah pisan tur nyerep kana lelembutan. Ti dinya sok kapiangen, ieu Dosén Departemén Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI kainspirasi hayang bisa ngarang guguritan, sakumaha nu sok ditulis ku Wahyu Wibisana jeung Dédy Windyagiri (sastrawan kameumeutna dina widang guguritan). Palebah aspék musikalitas, boh piriganana boh lagu-laguna, cianjuran téh numutkeun Kang Dian mibanda formula musikal anu basajan, tapi temahna mah matak ngahudang geter anu rongkah.
Ti dinya pisan deuih ieu Ketua Déwan Kebudayaan Kabupatén Bandung sok kapiangen: hayang bisa ngahaleuang cianjuran. Atuh keur ngahontal éta pamaksudan, anjeunna guguru ka sawatara pangawih cianjuran, utamana ka Yayah Rochaeti (Juara Cianjuran Damas taun 1978) jeung ka Ajat Sudrajat (Juara Damas 1996). Ka dieunakeun, ti taun 2004, sok sering diskusi jeung Ubun Kubarsah ngeunaan cianjuran. Réa hal nu anyar jeung ésénsial tina diskusi ngeunaan cianjuran jeung Kang Ubun, kitu nénéhna, anu henteu nyarampak di masarakat umum.
Salian ti kolot, barudak ngora gé perlu wanoh kana ieu tradisi. Ngan, sigana dina kondisi jeung pajamanan kiwari, numutkeun Kang Dian ku geus mikawanoh yén dina seni tradisi aya nu disebut cianjuran gé ayeuna mah geus kasebut hadé. Anjeunna ngémbohan “generasi muda” teu bisa dipapaksa kudu bisa jeung kudu ngembangkeun cianjuran. Tarékah miara jeung ngembangkeun cianjuran kudu muklis medal tina karep pribadina baé, teu bisa dipapaksa, teu bisa dirékayasa. Atuh pikeun anu gedé katineung kana cianjuran, tapak lacak ieu komposer lagu nu geus ngalanglang buana (Walanda, Jepang, Malaysia, Singapura, jeung Bélgia) téh bisa dituturkeun.
Palebah ngarang, puguh sarua tapisna. Éta perkara kapeunteun ku batur-batur diskusina anu kagabung dina Kelompok Studi Budaya Rawayan: Dian mah sagala bisa. Enya parigel nulis sakabéh wangun tulisan. Da jeung enyana atuh, boh tulisan fiksi boh nonfiksi papada sarua alusna. Tina icikibung dina dunya tulis-tinulis, anak panengah ti tilu sadulur téh kungsi dilélér sawatara hadiah sastra, di antarana D.K. Ardiwinata ti PB Paguyuban Pasundan taun 1996, Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1997 dina widang carpon, taun 1999 dina widang puisi; cerpen Serat Bimbang nu dimuat dina HU Bandung Pos taun 1998 dilélér hadiah sastra ti Déwan Kesenian Jakarta (DKJ) taun 1999, Lagu Ngajadi: Kumpulan Guguritan taun 2014 kasinugrahan hadiah sastra Rancagé taun 2015, jeung novél barudak Béntang Hariring taun 2015 kasinugrahan hadiah Samsudi ti Yayasan Kebudayaan Rancagé taun 2016.
Ngan, tina sajumlah genre nu kungsi ditulis, Kang Dian mah ngarasa leuwih deukeut jeung puisi wangun guguritan, duméh aya patalina jeung dunya cianjuran téa. Dina ngébréhkeun kaguligah nu aya dina lelembutanana sok karasa leuwih tetes (artikulatif) dina éksprési guguritan mah, tinimbang sajak; sok sanajan saenyana mah dina guguritan téh kacida pisan disengkerna ku aturan baku (guru lagu, guru wilangan, guru gatra) nu teu bisa disingkahan. Nya ku ayana éta “panyengker”, katapis jeung kamahér dina ngulinkeun diksi jeung galindeng téh diuji kudu mampuh ngungkulanana.
Kritikus sastra Téddi Muhtadin gé ngaprésiasi kana kualitas guguritan Kang Dian.
“Dina leungeun Dian, puisi guguritan lain wungkul tarékah pikeun ngasup-ngasupkeun kekecapan sina surup kana wadah nu geus baku (guru wilangan), tapi mangrupa kamahéran lebah ngulinkeun kekecapan dina wadah nu kacida “kaku” sakaligus nalukkeun éta aturan nu baku téa sina léah biluk kana jengléngan kekecapan nu kumawasa. Temahna, leunjeuran rumpaka guguritan téh karasa hirup, ngamalir, tur ngawirahma.” *** (Riki Nawawi)